Budaya

OBAT-OBAT TRADISIONAL DI TATAR SUNDA:

DINA DAUN, AKAR, SIKI, JEUNG GEUTAH GEDANG

ku

Kelompok 9§

Abstrak: ieu tulisan medar ngeunaan obat-obat tradisional nu aya ditatar Sunda. Obat-obatan mangrupa hiji hal anu gumelar dina kabudayaan masarakat. Kabudayaan ieu dipapaykeun ti generasi ka generasi sacara turun-temurun. Obat-obatan tradisional ilaharna dijieunna tina bahan-bahan nu nyampak di éta wewengkon. Di tatar Sunda réa pisan jenis obat-obatan tradisional anu ampir geus sababaraha generasi sumebar di masarakatna. Cara pikeun ngaracik sarta mikanyaho ngeunaan hasiat ngagunakeun éta obat dipimilik tina hasil pangajaran ti kolot-kolot baheula. Salasahiji obat tradisional anu sumebar di tatar Sunda sarta kacida pisan gedé mangpaatna nya éta gedang. Gedang loba pisan gunana timimiti daun, akar, siki, buah nepi ka getahna. Lian ti éta rupa-rupa obat tradisional ieu ogé kacida raket patalina jeung folklor di tatar Sunda.

K

Kecap Konci (Key Word): obat, tradisional, gedang, folklor.

Bubuka

ahirupan kadangkala teu salawasna tumetep dina hiji kaayaan. Ku ayana muterna waktu, muter ogé rupa-rupa kahirupan nu karandapan ku unggal jalma. Salasahijina dina masalah kaséhatan. Manusa teu salawasna aya dina kacageuran, tapi hiji mangsa tinangtu pinanggih atawa ngalaman katerap ku rupa-rupa kasakit. Kulantaran kitu pikeun ngungkulan éta panyakit, manusa satékah polah néangan piubareunana. Ubar anu paling mujarab sarta gampang dibeunangkeunana, taya lian iwal ti ubat alami anu asalna tina sumber daya alam biotik atawa abiotik. Sumber daya alam biotik ngawengku jasad rénik, flora jeung fauna sarta biota laut. Sedengkeun sumber daya biotik ngawengku sumber daya darat, lautan sarta langit anu nyakup sakabéh kakayaan/poténsi anu aya dijerona. Satiap barang anu diciptakeun ku pangéran, tinangtu sakabéhna ogé aya mangpaatna sarta bisa dijieun alat pikeun ngubaran panyakit. Pédah manusa can bisa maluruh hasiat-hasiat anu nyangkaruk dina éta barang.  Ngaliwatan prosés nyoba jeung néangan kacindekan tina sakabéh pangalamanana, lila-lila bisa kapaluruh ogé rupa-rupa ubar nu bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran kasakit.

Poténsi kakayaan anu geus disadiakeun ku alam ieu, lamun henteu dimangpaatkeun kalawan maksimal geus tangtu moal mibanda mangfaat nu gedé, antukna bakal mubadir teu puguh. Tapi lian ti néangan mangpaatna, kudu dipikirkeun ogé dina ngagunakeun tanaman obat ieu kudu dibarengan ku usaha pikeun ngamumulé atawa ngalestarikeunana, anu dipiharep bisa ngilu ngarojong penggunaan anu tuluy-tinuluy (Padmawinata, 1995). Mekarkeun obat-obat alami ieu mémang sakuduna meunang perhatian anu leuwih lain ngan saukur lantaran poténsina anu hadé, tapi ogé maluruh kakawasaan sarta kajembaran ciptaan pangéran.

Pikeun ngaguar leuwih jero ngunaan obat-obatan tradisional, baris disusud timimiti harti ubar tradisional, cara ngolahna, jenis-jenisna, sarta leuwih disokokeun kana pedaran ubar tradisional dina gedang timimiti daun, akar, siki, jeung geutah gedang.

Ubar Tradisional

Ubar tradisional nya éta ubar nu diolah sacara tradisional, diwariskeunna sacara turun-tumurun, saperti resép karuhun baheula, adat-istiadat, kapercayaan atawa kabiasaan daérah éta sorangan. Ubar tradisional biasana diolah saluyu jeung pangaweruh nu nyieuna. antukna unggal daérah hususna unggal jalma mibanda karakteristik béda-béda dina tatacara ngolah éta ubar.   Ubar tradisional raket patalina ogé jeung nu disebut ubat alami. Ubar alami dihartikeun salaku obat-obata anu asalna ti alam, taya rékayasa atawa buatan, sarta biasana bisa digunakeun sacara tradisional pédah dina ngolahna leuwih modéren. Ubar alami minangka tindak lanjut tina obat-obat tradisional. Tapi sanajan olahanana leuwih modéren tapi ari sumberna mah asalna tina alam.

Ubar tradisional anu pangréana digunakeun minangka sumber obat nya éta tutuwuhan (hayati). Hal ieu didadasaranan ku hasiat sarta mangpaat tutuwuhan anu kacida diperlukeunna pisan ku awak manusa, sangkan nahan kasaimbangan sarta ngalindungan kakuatan awak manusa. Zat anu pungsina ngawangun diri manusa sangkan kuat pikeun nadah panyakit bisa dibeunangkeun tina tutuwuhan. Kulantaran kitu tutuwuhan bisa dikatagorikeun minangka bahan piobateun kahiji dibandingkeun jeung bahan-bahan séjénna. Tutuwuhan lian ti gedé pisan mangpaatna. Lian ti éta di tatar Sunda leuwih jembar ti éta lantaran tempatna anu kawilang subur sarta méré kahirupan ka alam (tutuwuhan) pikeun loba nu jaradi di tatar sunda.

Cara ngolah ubar tradisional

Ubar tradisional diolah ku cara nu kawilang basajan (sederhana), teu loba di réka-réka. Dina cara ngolahna aya anu ngan ngagunakeun hiji bahan, tapi aya ogé dicampur jeung bahan séjén. Hal éta gumantung kana kakréatifan sarta pangalaman nu ngolahna. Tapi dina nyampurkeun bahan-bahan piobateun éta, teu bisa sagawayah, tapi kudu disaluyukeun jeung zat-zat anu terkandung dina éta bahan. Mun seug salah dina ngalakukeun pencampuran éta, balukarna bisa ngalantarankeun kasalahan nu dampakna bisa nyababkeun nu gering lain cageur tapi leuwih parna dina nandangan kasakitna atwa malahan bisa maot.

Jenis ubar tradisional

Nilik kana bahan dasar olahan atawa pembentukan nyieun ubar, ubar tradisional anu asalna tina bahan hayati bisa dibagi jadi genep jenis, nya éta ubar tradisional anu bahan asalna tina daun, kembang, siki, akar, beuti jeung kulit tutuwuhan.

  1. 1. Daun nu Bisa Dijieun Ubar

Salasahiji conto ubar tradisional anu bahan dasarna tina daun diantarana:

  • Gedang

Gedang mangrupa salsahiji tutuwuhan anu jadi atawa aya di unggal daérah di lemah cai urang. Daun gedang umumna ku urang didahar minangka lalab atawa disayur. Anapon zat nu aya dina daun gedang, diantarana alkoid karpin, glukosa, karposida, saeutik dammar, jeung lazin proteolik papain. Daun gedang mangfaat pikeun ngubaran demam, disentri, sarta alat pikeun ngarangsang sumanget gawé.

  • Kemuning

Daun kemuning ngandung zat-zat glukosa uwayin, minyak atsiri, damar, jeung zat penyamak. Daun kemuning alus pisan pikeun ngubaran panyakit haid teu teratur, keputihan, jeung rematik.

  • Kumis Ucing

Tutuwuhan ieu biasana jadi di tempat nu rada baseuh. Dina ngamangmanfaatkeun daun kumis ucing biasana nalika keur kembangan. Kandungan zatna nya éta minyak atsiri jeung kalium (0,6%-3,5%) diperlukeun salaku bahan bakal ubar pikeun ngalancarkeun kaluarna cai kiih, batu ginjal, kencing manis katut nyeri cangkéng ku dosis 1-2 gram.

  • Seureuh

Daun seureuh geus sacara tradisional digunakeun ku kolot urang. Daun ieu biasana jadi dipakarangan sarta ngareuy. Daun seureuh ngandung minyak atsiri, klavikal, seskriterpen, diastose, zat penyamak, gula jeung pati.

Daun seureuh bisa digunakeun salaku ubar batuk, antiseptic, ubar kekemu, sarta ogé alus khasiat pikeun éncok jeung ibu-ibu nu kakara ngalahir ku cara ngeueumna dina cai panas.

  • Arbei

Tutuwuhan ieu jadi di sababaraha tempat di unggal daérah, utamana nu di nu alamna seger. Umumna jalma wanoh kana buahna waé, tapi daunna ogé miboga khasiat pikeun ubar.

Kandungan zat-zat dina daun ieu, diantarana: logam-logam alkali, alkali tanah, uyah, sitrat, molat, gula, jeung pektim. Daun ieu berkhasiat sababaraha bahan bakal ubar ngalancarkeun atawa ngalobakeun kaluarna cai kiih

  • Salam

Salam loba jadi diunggal daérah. Masarakat urang dina umumna ngagunakeun daun salam salaku bahan panganteb dina kadaharan. Zat nu aya dina daun salam nya éta minyak atsiri jeung zat penyamak. Daun salam bisa ogé digunakeun jadi bahan bakal ubar astringensia ku dosis nu umum antara 5-15 gram.

  • Jambu batu

Jambu batu loba pisan jaradi di tatar sunda. Masarakat lolobana leuwih mentingkeun buahna, padahal daun-daunna ogé miboga ajén ubar nu hadé. Daun-daun jambu batu ngandung zat-zat penyamak, minyak atsiri warnana semu héjo nu ngandung egenol, minyak lemak, damar, jeung uyah-uyah mineral. Daun jambu biji berkhasiat pikeun ngubaran panyakit méncrét jeung astringensia.

  • Entéh

Daun entéh umumna geus dipikawanoh ku masarakat, utamana salaku minuman. Kandungan zat dina daun entéh nya éta kafeine, tatin, jeung saeutik minyak atsiri. Daun entéh, di sagigireun pikeun nyegerkeun minuman, ogé mibanda hasiat pikeun ubar autidotum dina karacunan ku logam-logam beurat jeung alkaloida.

  • Cincau/Cangcauh

Cingcau atawa sok remen disebut ogé cangcauh, mangrupa salasahiji tutuwuhan anu ilaharna jadi di daérah lembab. Cingcau ieu dina basa laténna nya éta Cyclea barbata Miers. Daun cingcau bisa ngubaran Muriang, karacunan ngadahar hurang, radang lambung, tekanan darah tinggi, jeung tifus.

  • Antanan

Antanan mangrupa tutuwuhan anu wangunna téh sok nutupan taneuh. Antanan kaasup tanaman hérba kalawan tangkalna nu horizontal, saperti buku (ruas) anu kaluar akar sarta ngayang na taneuh. Antanan bisa jadi ubar pikeun panyakit maag, beuteung kembung, muriang, bengek (asma), batuk, barusuheun, wasir, nambah napsu dahar, jeung disentri.

  • Babadotan

Babadotan mangrupa tutuwuhan anu ilaharna jadi di reuma atawa daérah pagunungan. Dauna anu semu aya buluan sarta mibanda kembang nu warnana bungur. Babadotan bisa dijieun obat raheut.

  • Eurih

eurih mangrupa tutuwuhan anu wangun tangkalna lir tangkal séréh. Eurih mibanda daun anu mararéncos tur paranjang sarta disisina aya cucukan. Eurih bisa digunakeun pikeun ngubaran raheut, kalikiben, jrrd.

  • Jawér kotok

Jawér kotok mangrupa tutuwuhan anu ilahar jaradi di kebon atawa béh ka béh dieukeun mah sok dijadikeun tanaman hias. Jawér kotok sok digunakeun pikeun ubar radang usus jeung wasir.

  • Jarong

Jarong mangrupa tutuwuhan nu loba jaradi di leuweung atawa di reuma. Jarong ilaharna jadina téh di daérah nu ieuh sarta dataran rendah. Jarong biasana digunakeun pikeun ngubaran panyakit nipas jeung haid

  • Kélor

Kélor nya éta tutuwuhan anu tangkalna kurang leuwih 8 m. Jadina di daérah anu cukup caina, kalawan panon poé pinuh dina ketinggian 300-900 m. Daun kélor bisa digunakeun pikeun ubar  nyeri sirah (rieut), rematik, jeung babareuhan (beri-beri).

  • Katuk

Daun katuk wangunna buleud siga endog warnana héjo,  nyiripit, sarta loba jumlahna. Warna buahna bodas, leutik sarta napel kana dahanna atawa régangna. Katuk bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran panyakit muriang, ngalancarkeun asi muriang, ngalancarkeun ASI.

  • Lidah buaya

Lidah buaya ilaharna hirup di daérah anu hawana panas atawa dipelak dina pot di pakarangan imah minangka tanaman hias. Wangun daunna rada seukeut,kandel, getahan sarta rérégéan/cucukan laleutik, sarta warna kembangna  semu beureum (jingga).

  1. 2. Kembang nu Bisa Dijieun Ubar

Salasahiji conto ubar tradisional anu bahan dasarna tina kembang diantarana:

  • Cengkéh

Kembang cengkéh geus loba dipikawanoh jeung dikembangkeun di tatar sunda, sarta kembang éta  boga hasiat minangka ubar. Kandungan zat-zat tina kembang cengkéh nya éta minyak atsiri, asetilegenol, kariofil, furfural, metal amilketon, vanillin, jeung zat penyamak. Kembang cengkéh bisa jadi ubar pikeun ngaleungitkeun nyalingit, seueul, sarta utah-utahan. Dosis kira-kira 100-600 miligram.

  • Jagong

Kembang jagong geus teu anéh deui pikeun masarakat Sunda mah. Zat-zat anu dikandung dina buuk jagong (kembangna) nya éta asam maisenat, minyak lemak, damar, gula, jeung garam-garam mineral. Mun dikumpulkeun, digaringkeun, jeung dibubukeun éta buuk jagong ngabogaan rupa-rupa khasiat sarta alus pikeun jalma nu kaserang dimetika, ngandung dosis antara 4-12 gram.

  • Kumis Ucing

Kumis ucing mangrupa tutuwuhan anu batangna téh baseuh, jangkungna bisa nepi ka 1,5 m. Warna kembangna bodas saperti kumis ucing, sarta batangna pasagi opat sarta gampang dipotongkeun. Kumis ucing bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran panyakit hese kiih, batu ginjal, kencing manis, nyeri cangkeng.

  1. 3. Siki nu Bisa Dijieun Ubar

Salasahiji conto ubar tradisional anu bahan dasarna tina siki diantarana:

  • Jambé

Jambé bisa hirup dimana waé ogé. Tangkalna sok dimangpaatkeun dina lomba maén rebutan dina acara tujuh belas agustusan. Siki jambé nu asak mangrupa bahan piubareun. Kolot jaman baheula ngamangpaatkeun salaku campuran daun seureuh pikeun nyeupah. Siki jambé ngandung zat-zat alkaloida, tamim merah amuof, jeung lemak. Tipung siki jambé boga hasiat salaku ubar anteluitita, utamana pikeun ngabasmi cacing pita.

  • Pala

Buah pala ngandung zat-zat saperti  minyak atsiri, misistim, pinen, kamfer, dipentesafrol, eganol, alkohol, lemak, abu, zat putih telur jeung gula. Siki pala dimangpaatkeun pikeun bahan ubar karminativa jeung stimalnsia saluyu kana saluran pencernaan. Pala ogé digunakeun salaku ubar ngabius anu nyababkeun tunduh jeung ngendoran rénghapan. Dosis nu diperlukeun sakitar 0,2-1,2 gram. Pala bisa ogé digunakeun salaku bahan pewangi.

  • Jarak

Kandungan nu aya dina siki jarak nya éta minyak lemak, zat beracun risin jeung risimin. Siki jarak berhasiat pikeun ubar nyeri kulit.

  1. 4. Buah nu Bisa Dijieun Ubar

Salasahiji conto ubar tradisional anu bahan dasarna tina buah diantarana:

  • Cabé

Buah cabé biasa dipikawanoh salaku bumbu atawa samara pikeun masak. Tapi buah cabé garing nu dibubukeun mangrupa bahan campuran ubar gosok pikeun ngubaran panyakit éncok atawa reumatik, cararangkeul jeung asup angin. Kandungan zat nu aya dina cabé nya éta koprin, vitamin C, zat-zat warna kapsantin, akpsorukin, zaesantin, koiptosantin, lutein, jeung karoten.

  • Katuncar

Zat-zat nu dikandung dina buah katuncar nya éta minyak atsiri, minyak lemak, jeung abu. Buah katuncar digunakeun ku nu menderita karminativa. Ngandung dosis 0,2-1 gram. Dina umumna masarakat ngagunakeun katuncar salaku samara penyedap masak.

  • Dalima Bodas

Buah dalima wangunna buleud, diameterna antara 5-12 cm, sarta warnana héjo kakonéng-konéngan. Buah dalima bisa dimangfaatkeun pikeun ngubaran panyakit keputihan.

  • Leunca

Buah leunca wangunna buleud, diameterna antara 0,8-1 cm, warnana héjo,tapi lamun geus asak warnana bungur semu hideung, hérang, sarta loba sikian. Rasana renyah sarta rada rangu. Leunca bisa dimangpaatkeun pikeun ubar muriangan, lemah sahwat.

  • Jeruk Nipis

Jeruk nipis mangrupa buah anu wangunna buleud rata sarta kulitna ipis, warnana hejo kakonéng-konéngan lamun seug buahna geus kolot. Jeruk nipis bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran panyakit batuk, nyeri tikoro, nyeri haid, jeung muriangan.

  • Kasumba

Buah kasumba wangunna mirip buah rambutan, katutupan buukna nu warnana téh meureum kolot atawa héjo, panjangna antara 2-4 cm, sarta loba sikian laleutik nu warnana téh kasumba. Kasumba bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran panyakit asup angin jeung muriangan.

  • Kapulaga

Kapulaga loba pisan ngandung kandungan kimia saperti minyak terbang‑sineol, terpineol jeung alfaborneol, beta-kamper, protein, gula, lemak sarta silikat. Tanaman ieu rasa rada pait tapi haneut. Mangpaatna pikeun nurunkeun panas, anti tusif, ngéncérkeun reuhak dahak sarta anti muntah.

  1. 5. Akar nu Bisa Dijieun Ubar

Salasahiji conto ubar tradisional anu bahan dasarna tina akar, diantarana:

  • Akar gedang

Salain daunna, akar gedang ogé ngabogaan hasiat pikeun dipaké ubar. Kandungan zat-zat dina akar gedang nya éta papalna, kaliun, midonat, midosim, papayatin, damar jeung tasin. Akar gedang boga hasiat pikeun ngabasmi cacing ku dosis kurang leuwih 6-12 gram.

  • Konéng

Kandungan zat nu aya dina konéng nya éta zat kuning kurjunin, minyak atsiri, hidrat arang, damar, goum jeun pati. Konéng alus pisan pikeun ubar diaré, karnimaitva, kologoga jeung stabisida. Dosisna antara 8-12 gram.

  • Cikur

Cikur biasa dipaké salaku samara tapi ngabogaan hasiat ogé pikeun ubar. Kandungan zat-zat nu aya dina cikur nya éta alkaloida, minyak atsiri, kanferim, mineral pati jeung goum. Cikur bisa digunakeun pikeun ngahampangkeun reuhak, ngalancarkeun késang, ngalancarkeun miceun hitut sarta ningkatkeun gairah.

  • Jahé

Salain dipaké pikeun samara masak, jahé ogé bisa digunakeun pikeun ubar. Kandungan zat-zat dina jahé nya éta minyak atsiri, zingoten, zigibetol, zigi berin, borneol, kanfen, sineol, falandren, pati, damar, asam organic, okoresir jeung gingerim. Jahé alus pisan pikeun ubar ngalancarkeun hitut, ngalancarkeun késang jeung ningkatkeun gairah. Dosis kurang leuwih 0,5-1,1 gram.

Obat-Obat Tradisional dina Daun, Akar, Siki, jeung Geutah Gedang

Gedang mangrupa tutuwuhan nu bisa jadi dimana waé, ti mimiti daérah basisir nepi ka daérah pagunungan. Tangkal gedang ngawangun tangkal, geutah, anu ngalantarankeun bisa jadi ajeg. Jangkungna ntara 2,5-10 m, dahanna buleud aya liangan, dibelah luhur bisa aya sirungan, kulit dahan  aya tanda urut gagang daun nu geus leupas.

Gedang ngabogaan rupa-pupa manfat,  buahna nu asak bisa didahar sageus dahar atawa sok disebut ogé cuci mulut, lantaran loba vitaminna, sedengkeun buah nu atah atawa ngora kénéh sok disayur.

Salain buahna nu bisa dimanfaatkeun téh nya éta siki, akar, jeung daunna bisa ogé dimanfaatkeun pikeun ubar.

  1. I. Daun Gedang
  2. 1. Ubar Malaria

Cara Nyieunna :

-          Satengah lembar daun gedang nu masih seger

-          Daun dikumbah nepi ka bersih

-          Daun gedang ditutu atawa digiling

-          Daun nu geus ditutu atawa digiling ditambahan ¾ cangkir cai nu asak jeung uyah sagedé siki kapuk

-          Cai tutuan tadi atawa cai gilingan diperes jeung disaring

-          Hasilna siap diinum 3 x 1 gelas sapoé

  1. 2. Ubar Hésé Dahar

Cara Nyieunna  :

-          Satengah lembar daun gedang nu rada ngora jeung masih seger kénéh

-          Daun dikumbah nepi ka bersih

-          Daun ditutu nepi ka lemes

-          Tambahkeun ¾ cangkir cai jeung madu 1 sendok

-          Daun diperes jeung disaring

-          Hasilna bisa diinum 2 atawa 3 kali sapoé.

  1. 3. Ubar Kanker

Cara Nyieunna :

-          Satengah lembar daun gedang nu rada ngora

-          Saparapat keupeul daun ceremé nu nora kénéh

-          Satengah keupeul daun bayem beureum

-          Dua siki wortel

-          Saparapat keupeul daun balingbing

-          Sakabéh bahan dikumbah

-          Sakabéh bahan ditutu atawa digiling nepi ka lemes

-          Bahan nu geus digiling ditambahan cai nu asak 1 ½ gelas biasa

-          Bahan ditambahan madu murni 3 sendok

-          Bahan dipereut.

-          Bahan disaring

-          Hasil ramuan éta diinum 3 kali sapoé ½ gelas

  1. 4. Ubar Asup Angin

Cara Nyieunna :

-          Satengah lembar daun gedang

-          Duabelas lembar daun sembung

-          Limabelas lembar daun poko

-          Satengah ramo rimpang jahé

-          Séréh tilu

-          Limabelas kuntum cengkéh

-          Pala sasiki

-          ¾ sendok teh kemukus

-          Satengah sendok teh jinten

-          Jeruk purut sasiki

-          Dua kuntum kembang nu anyar

-          Tilu ramo gula enau

-          Sakabéh bahan dikumbah

-          Bahan ditempatkeun kana panci

-          Bahan ditambahan 4 gelas cai

-          Bahan digodog atawa dipanaskeun nepi caina kari 2 ¼ gelas

-          Cai godogan disaring. Inum 3 kali sapoé. Unggal nginum ¾ gelas.

  1. 5. Ubar pikeun Ngalancarkeun ASI

Cara Nyieunna :

-          Sababaraha lembar daun gedang

-          Daun gedang diremes-remes

-          Daun nu geus diremes dilayukeun diluhur api

-          Tapelkeun daun nu geus dilayukeun diluhur pinareup

  1. 6. Ubar ngarawat awak sanggeus ngalahirkeun

Cara nyieunna :

-          Salembar daun gedang ngora nu masih seger

-          Sasendok teh asem seger

-          Gula jawa sapotong

-          Sakabéh bahan diasupkeun kana panci

-          Bahan-bahan digodog ku cai 2 gelas nepi caina jadi sagelas

-          Sanggeus tiis cai godogan éta disaring sarta siap diinum.

  1. 7. Ubar kaki gajah

Cara nyieunna:

-          Opat atawa lima lembar daun gedang

-          Daun digodog

-          Suku dikeueum dina cai godogan nu geus teu panas teuing

  1. 8. Ubar Jéjéngkoleun

Cara nyieunna :

-          Sapertilu palepah daun gedang

-          Sapuluh lembar daun kacang panjang

-          Genep gagang daun sampeu amis

-          Sakabéh bahan dijadikeun hiji

-          Sakabéh bahan dikumbah

-          Sakabéh bahan ditutu nepi ka lemes

-          Bahan ditambah cai ½ cangkir

-          Tambahan madu 1 sendok

-          Bahan éta diperes jeung disaring. Caina siap diinum. Eueut 1 atawa 2 kali sapoé.

  1. II. Akar Tangkal Gedang

1. Ubar batu ginjal, radang ginjal, nyeri kandung kemih

Cara nyieunna :

-          Tilu ramo akar gedang

-          Akar –akar dikumbah

-          Akar-akar diteukteuk saperluna

-          Potongan-potongan akar digodog ku 4 ½ gelas cai nepi cain jadi 2 gelas

-          Sanggeus tiis cai godogan éta disaring

-          Tambahan madu

-          Siap pikeun dieueuet. Eueutna 3 kali sapoé. Unggal eueut ¾ gelas

2. Ubar dipacok oray

Cara nyieunna :

-          Lima ramo akar gedang

-          Akar-akar dikumbah nepi ka bersih

-          Akar-akar ditutu nepi ka lemes

-          Ditambahan cai sacukupna nepi jadi bubur

-          Bubur ieu ditempelkeun kana raheut atawa urut dipacok orayna

-          Raheut atawa urut dipacok nu geus ditapelan bubur éta dibungkus. Bungkusan diganti sapoé 2 kali

3. Ubar cacing keremian

Cara nyieunna :

-          Dua ramo akar gedang

-          Tilu sihung bawang bodas

-          Dua ramo gula enau

-          Bahan-bahan dikumbah

-          Bahan digodog ku 3 gelas nepi cai jadi 1 ½ gelas

-          Sanggeus tiis, cai godogan disaring

-          Eueut 2 kali sapoé. Sakali eueut ¾ gelas

4. Ubar éncok

Cara nyieunna :

-          Dua ramo akar gedang

-          Daun jeruk nipis 1/3 keupeul

-          Sapertilu keupeul daun ketepeng cina

-          Sapuluh lembar daun seureuh

-          Sapertilu keupeul daun samiloto

-          Hiji ramo kulit kayu tija

-          Dua ramo akar kepayang

-          Tilu ramo akar kelintang

-          Sapuluh céngék

-          Sakabéh bahan dikumbah

-          Sakabéh bahan ditutu nepi ka lemes

-          Hasil tutuan dikeueuem dina alkohol 1 liter salila 7 hari

-          Sanggeus cukup dikeueum, bahan diperes jeung disaring

-          Cai hasil peresan jeung saringan digosokeun jeung diurutkeun dina bagian nu nyeri. Lakukeun 2-3 kali sapoé

  1. III. Siki Gedang
  2. 1. Ubar huisan saencan waktuna

Cara ngajieunna:

-       tilu puluh siki gedang.

- siki disangrai.

-       siki gedang nu geus nang nyangrai ditutu nepi bubuk.

- tambahkeun minyak kalapa sasendok.

- aduk nepi ka rata.

- racikan éta tuluy digosokeun kana kulit sirah nu aya huisan.

  1. 2. Ubar cacing gelang

Cara nyieunna :

-          Siki gedang 2 sendok

-          Siki gedang dikumbah

-          Siki ditutu nepi ka lemes

-          Ditinyuh ku cai panas ½ cangkir jeung tambahan 1 sendok madu

-          Inum waktu keur haneut kénéh.

  1. 3. Ubar Panas

Cara nyieunna :

-          Siki gedang sacukupna

-          Siki gedang ditutu nepi ka lemes

-          Tambahan cuka sacukupna

-          Dipaké pikeun ngabalur awak nu panas

  1. IV. Buahna Gedang nu Asak
  2. 1. Ubar hésé miceun atawa maag

Cara ngajieunna:

-          buah gedang nu asak dina tangkal.

-          gedang dipesék.

-          gedang dikumbah ku cai asak nu ditambahan uyah.

-          gedang dikereutan.

-          dahar 2 poé sakali.

  1. 2. Ubar teu nafsu dahar

Prosedur nyieunna sarua jeung nu ngagunakeun daun gedang, nya éta nu dijelaskeun diluhur, nu béda nya éta bahanna nya éta ngagunakeun buah gedang.

  1. V. Geutah Gedang
  2. 1. Ubar Jarawat

Cara ngajieunna :

-          Geutah gedang ngora

-          Geutah diusapkeun kana jerawat

-          Tong nepi ka geutah keuna kana panon

-          Mun  geutah gedang kana panon buru-buru dikumbah ku cai gula.

  1. Ubar Kabeuleum

Cara nyieunna  :

-          Geutah gedang ngora

-          Geutah diusapkeun di tempat nu kabeuleum. Khasiatna nya éta pikeun ngaleungitkeun nyeri sarta nyegah munculna lepuh-lepuh.

Patalina Obat-obat tradisional jeung Folklor

Nilik kana sumebarna ubar tradisional di kalangan masarakat Sunda anu kacida réana, mun seug di susud  bisa dipaluruh  ngeunaan cara nyebarkeun atawa népakeun pangaweruh ngolah obat ieu ti generasi ka generasi penerusna. Dina tilikan folklor obat-obat tradisional mangrupa wangun folklor non lisan. Hal ieu dilantarankeun penyebaran ubar tradisiobal leuih disinekelkeun kana barang (wangun non lisan) hasil obat anu ngalaman prosés olahan (meramu). Padahal teu nutup kamungkinan, dina cara nepakeunna mah teu leupas tina unsur lisan, dina mamatahan jeung ngajéntrékeun  sangkan nu narima pangaweruh bisa leuwih ngarti tur leuwih tapis deui.

Pewarisan obat-obat tradisional mun seug diteuleumann leuwih jero mibanda ciri-ciri anu teu béda jauh jeung ciri-ciri folklor. Saperti halna ubar tradisional mangrupa hasil warisan ti kolot-kolot saméméhna, sifatna tradisional, loba varian-varianna (gumantung kanu nyieunna), teu kapaluruh saha nu mimiti nyieun atawa nu manggihanana (anonim), hirup dina wangun nu boga pola nu tangtu (saperti dina cara ngolahna), ngandung fungsi-fungsi nu tangtu (ngubaran nu gering), polos atawa sederhana, sarta ubar tradisional mangrupa milik umum (bersama). Tina kamiripan ciri-ciri diluhur, sacara otomatis obat-obatan tradisional mangrupa salasahiji bagian tina folklor anu nepi ka kiwari masih kénéh aya wujud jeung masih di gunakeun ku masarakat.

Kacindekan

Ubar tradisional nya éta ubar nu diolah sacara tradisional, diwariskeunna sacara turun-tumurun, saperti resép karuhun baheula, adat-istiadat, kapercayaan atawa kabiasaan daérah éta sorangan. Cara ngolah ubar tradisinal kawilang basajan, aya anu ngan ngagunakeun hiji bahan, sarta aya ogé nu dicampur jeung bahan séjénna. Jenis-jenis ubar tradisional dumasar kana bahan tina tutuwuhan nu di gunakeun aya anu bahan asalna tina daun, kembang, siki, akar, beuti jeung kulit tutuwuhan.

Ubar tradisional bisa kapaluruh dina gedang. Gedang mangrupa salsahiji tutuwuhan anu réa jaradi di tatar sunda. Gedang kacida gedé mangpaatna ti mimiti daun, akar, siki, nepi ka geutahna. Ubar tradisional samodél kitu sacara umum mangrupa bagéan tina folklor anu nepi ka kiwari masih sumebar dina kahirupan masarakat.

Daftar Pustaka

Agustin, Widi. 2001. Pepaya sebagai Obat Tradisional. Jakarta. PT. Balai Pustaka (Persero)

Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung. PT. Kiblat Utama.

Danandjaja, James. 2002. Folklor Indonesia. Jakarta. PT. Pustaka Utama Grafiti

Marjo, Y.S. 1990. Aneka Resep Obat Kuno Mujarab.Surabaya. Bintang Timur

Muji, Musaro. ? . Resep Pusaka Tradisional Madura. Jakarta. ?

Murningsih. 2001. Budidaya Tanaman Berhasiat Obat Bagi Anak Luar Biasa. Jakarta. PT. Balai Pustaka (Persero)

http://google.com

http://google.co.id

http://yahoo.com

http://wikipedia.com


  • § Kelompok 9:

-          Mahasiswa jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Globalisasi  VS  Kadaharan Sunda[i]

Ku: Kelompok 7[ii]

Abstrak

Zaman kiwari anu kasebutna zaman modern atawa globalisasi, geus loba pisan pangaruhna kana sagala aspék, ti mimiti téhnologi, budaya, agama, pulitik nepika hal anu kawilang leutik nya éta kadaharan geus beunang ku pangaruh globalisasi. Conto leutik dina kadaharan has urang Sunda geus loba pisan parobahan, ti mimiti resép nepi ka panyajian geus ngalaman parobahan. Surabi anu ku urang sok dijadikeun mumuluk ari isuk-isuk geus naék darajat anu biasana mung saukur tipung beas jeung kalapa, ayeuna mah geus loba rupana ti mimiti rasa coklat, keju, strawberry jeung sajabana.

Tangtuna baé éta mangrupa hiji bukti anu nyata ku ayana kamajuan zaman atawa ceuk istilah kerenna mah pangaruh globalisasi. Ku kituna kumaha carana kadaharan urang Sunda anu bisa dipertahankeun kahirupanana dina kaayan anu sakitu ngaglobalna.

Key word (kecap konci): kadaharan, pangaruh globalisasi, kamajuan jaman.

Pangjajap

  • Kasang Tukang

Folklor nya éta kabudayaan atawa kabiasaan nu biasa dipaké di masarakat. Salasahiji bagéan tina folklor  nya éta kadaharan. Kadaharan mangrupa wangun folklor non lisan nu aya di masarakat. Naon waé pasakan jeung kadaharan nu aya di masarakat nu patalina jeung tradisi, asup kana folklore. Nginjeum istilah tina hiji iklan kadaharan yen kadaharan saukur pasakan tapi geus jadi tradisi, hal ieu bener ayana kusabab dina kadaharan urang Sunda lain ngan saukur pikeun ngawaregkeun beuteung hungkul, tapi aya fungsi nu kakandung dina éta pasakan. Contona waé bubur lolos nu dipaké dina upacara adat nungguan kalahiran, ieu kadaharan dijieun jeung dibentuk supaya gampang pisan ngadaharna. Hal ieu jadi harepan sangkan indung anu ngandung gampang atawa lungsur-langsar dina ngalahirkeun budakna. Salian ti éta, kadaharan geus jadi hiji tradisi, kadaharan geus jadi kabeungharan budaya Sunda nu kacida unikna. Lebar temen saupama kadaharan urang Sunda geus euweuh di alam Sunda sabab kagéléng ku jaman modern. Ku sabab eta loba urang Sunda nu kréatip, manéhna ngahijikeun kadaharan tradisional urang Sunda jeung kadaharan modern, bari jeung teu leupas tina cirri aslina. Contona tina kakréatipan urang Sunda nya éta: ciréng isi, singkong kéju jrrd.

  • Watesan Masalah

Dina jurnal ieu aya sababaraha hal anu bakal dipedar diantarana, nya éta:

a)      rupa-rupa kadaharan Sunda

b)      pangaruh globalisasi kana kadaharan Sunda

c)      toponemi (asal-muasal ngaran) kadaharan Sunda

  • Globalisasi  VS Kadaharan Sunda

Salasahiji kadaharan bakal diaku ku para panguasa pasar anu luas tur ku masarakat umumna, lamun éta kadaharan téh nyumponan faktor panangtu ajén organoleptik anu ngawengku rasa, aroma jeung tampilan.

Rasa jeung aroma ditangtukeun ku bahan baku, sedengkeun panampilan ditangtukeun ku kreativitas anu masak dina ngarancang wangun jeung komposisi warna anu unik dina kemasanana. Ku kituna hiji produk bakal luas ambahan bisnisna jeung ditarima ku masarakat ti unggal nagara.

Dina hiji kasus produk kadaharan ngawasa pasar dunia, saperti conto anu konkrit di urang nya eta ngajamurna restoran-restoran atawa café-café anu ngajualan kadaharan bangsa deungeun. Misal hot dog, spaghetti, hamburger, kebab, jsb. Ku kituna tangtuna baé pangaruh globalisasi téh gedé pisan pangaruhna kana kadaharan Sunda (hususna) jeung kadaharan Indonesia umumna.

Ayeuna geus kabuktian dina masakan-masakan Sunda geus ngalaman anu ngarana modifikasi, misalna surabi anu urang apal dijieunna tina tipung beas anu rasana mung saukur gurih jeung amis, ayeuna mah geus ngalaman modifikasi timimiti rasa kéju, coklat, cheres, strawberry, jsb. Teu saukur dina modifikasi rasa hungkul anu ngalaman parobahan tapi dina masalah panyajian atawa kemasan, ku ayana globalisasi loba kadaharan sunda anu dimodifikasi, conto karedok anu biasana dibungkus make daun cau ayeuna mah geus teu dipaké, di jaman ayeuna mah bungkus karedok téh geus méwah ngagunakeun wadah tina plastik anu unik.

Ku ayana perbauran kahirupan antara séké sélér jeung séké sélér séjéna, nyababkeun ayana modifikasi dina rupaning folklor , kaasup kadaharan.hal ieu ogé dialaman ku kadaharan sunda nu kiwari mah geus loba ngalaman modifikasi dina hal:

  • Bahan, dina jaman kiwari loba kadaharan-kadaharan sunda anu ngagunakeun bahan-bahan zat kimia, saperti pecin (penyedap), pangawét, pemanis buatan, cuka, jrd.
  • Cara ngolahna, anu awalna dina prosés ngolah kadaharan sunda masih tradisional ayeuna mah geus ngagunakeun alat-alat éléktronik saperti: mixer, kompor gas anu baheula mah masih kénéh masak ngagunakeun hawu jeung songsong.
  • Kemasan (bungkusan), loba dahareun sunda anu geus teu orisinil deui dina cara panyajianna, misalna anu tadina dibungkus maké daun cau ayeuna mah geus teu usum deui ngagunakeun hal-hal saperti kitu.

Contona deui kadaharan anu ngalaman modifikasi nya éta kadaharan singkong kéju, kadaharan ieu bahan dasarna sampeu dihijikeun jeung kéju, nu saacana mah dua kadaharan ieu saperti bumi jeung langit, atawa kacida pisan jauhna. Tapi sanggeus ayana pangaruh globalisasi ditambah ku daya kréatipitas urang Sunda, dua kadaharan ieu dihijikeun nepika ngahasilkeun hiji wanda kadaharan anyar tina sampeu, nyaéta singkong keju téa.

Ku ayana modifikasi éta ngajadikeun kadaharan sunda kiwari geus teu bener-bener nyunda, sok sanajan di réstoran-réstoraan nu make ngaran réstoran sunda, tapi teu bisa dijadikeun cecekelan yén réstoran éta ngajamin kadaharan sunda 100% nyunda, sabab geus aya modifikasi-modifikasi boh dina bahan, cara ngolahna, atawa kemasana (cara nyajikeunana). Dina hartian ésénsi nu dikandung ku éta kadaharan téh geus teu nyunda.

  • Klasifikasi Kadaharan Sunda

Lamun urang rek ngabagi-bagi kadaharan Sunda, urang bisa nitenan tina sababaraha aspek tilikan, diantarana:

1) Dumasar kana ngaranna, kadaharan Sunda lamun ditilik tina ngaranna bisa diwincik deui jadi sababaraha bagian:

a)      Akronim: cilok, comro, cimol, gehu, cireng, peucang, jrd.

b)      Bahan: cilok (aci), comro (oncom), gehu (toge jeung tahu), jrd.

c)      Taya hubungan: sorabi, kelepon, koci, papais, jrd.

2) Dumasar kana kemasana, kadaharan Sunda lamun ditilik tina kemasana bisa diwincik deui jadi sababaraha bagian:

a)      Daun: leupeut, bacang, koci, papais, jrd.

b)      Plastik: dodol, cingcaw, wajit, jrd.

c)      Teu Pake: bala-bala, gehu, cilok, comro, basreng, jrd.

3) Dumasar kana olahana, kadaharan Sunda lamun ditilik tina olahana bisa diwincik deui jadi sababaraha bagian:

a)      Digoreng: cireng, basreng, bala-bala, gehu, jrd.

b)      Disangray: kacang, kurupuk miskin, sangray aron.

c)      Dibubuy: boled, sampeu, hui.

d)     Diseupan: papais, koci, leupeut, bacang, jrd.

e)      Dipais: lauk cai, hayam, tahu, jrd.

f)       Dibeuleunm: lauk, boled, sampeu.

4) Dumasar kana tempatna, kadaharan Sunda lamun ditilik tina asal tempatna diantarana:

a)      Kecap Majalengka asalna ti Majalengka

b)      Dodol Garut asalna ti Garut

c)      Peuyeum Bandung asalna ti Bandung

d)     Tahu Sumedang asalna ti Sumedang

e)      Nasi jamblang asalna ti Jamblang (Cirebon)

  • Toponimi (asal-muasal ngaran) Kadaharan Sunda

Aya sababaraha kadaharan sunda anu dingaranan dumasar kana bahan jeung cara nyajikeunana, dihandap ieu baris ditataan sababaraha kadaharan sunda anu ngaranna dumasar kana bahan, cara ngolah atawa nyajikeuna, jeung tempat, nya éta:

1)      Ngaran Kadaharan Sunda Dumasar Kana Bahanna

-          Cingcaw bahanna tia daun cingcaw

-          Gulali bahanna tina gula

-          Géhu bahanna tina togé jeung tahu

-          Tutug oncom bahanna tina oncom jeung sangu

-          Cipuk bahanna tina aci jeung kurupuk

-          Rangginang bahanna tina béas ketan

2)      Ngaran Kadaharan Sunda Dumasar kana Cara Ngolahna atawa Cara Nyajikeunana

-          Cilok hartina aci anu dicolok

-          Misro harina amisna di jero

-          Comro hartina oncomna dijero

-          Ciréng hartina aci digoréng

-          Colénak hartina dicocol énak

-          Peucang hartina sampeu jeung kacang

-          Gehu hartina togé jeung tahu

-          Sukro hartina suuk di jero

-          Basréng hartian baso digoréng

-          Cipuk hartina aci kurupuk

-          Cimol hartina aci digemol

3)      Ngaran Kadaharan Sunda Dumasar kana asal wewengkon (tempat)

-          Kecap Majaléngka asalna ti Majaléngka

-          Dodol Garut asalna ti Garut

-          Peuyeum Bandung asalna ti Bandung

-          Taleus Bogor asalna ti Bogor

-          Tahu Sumedang asalna ti Sumedang

-          Tarasi Cirebon asalna ti Cirebon

-          Tauco Cianjur asalna ti Cianjur

-          Wajit Cililin asalna ti Cililin (Bandung)

-          Kue moci asalna ti Sukabumi

-          Peuyeum ketan kuningan asalna ti kuningan

-          Galéndoh Ciamis asalna ti Ciamis

-          Empal gentong asalna ti Cirebon

-          Simping Purwakarta asalna ti Purwakarta

-          Nasi jamblang asalna ti Jamblang (Cirebon)

-          Asinan asalna ti Bogor

-          Borondong asalna ti Ciparay (Bandung)

-          Gurilem asalna ti Cililin (Bandung)

  • Rupa-rupa Kadaharan Sunda

Kadaharan Sunda kaasup “lalab jeung sambel” mangrupa kabudayaan dina kahirupan masarakat di kawasan Pasundan, eta kadaharan the geus panjang ditaratas ku karuhun urang Sunda baheula. Lamun urang Sunda geus lila ka hiji wewengkon, kasonoanna ka kadaharan Sunda tangtu moal leungit, atawa ngurangan loantaran ku lingkungan anu geus béda jeung wewengkonna baheula di tatar Sunda.

Misalna anu kajadian ka sababaraha jalma urang Sunda anu hirupna sukses di kota métropolitan (Jakarta), maranéhanana  sanajan mindeng dahar dahareun méwah di luar negeri, tapi haténa mah teu bisa dibohongan kana kasonoana kana kadaharan Sunda.

Dihandap ieu baris ditataan sababaraha kadaharan urang Sundadi antarana:

1) Comro atawa combro nyaéta kadaharan has ti Tatar Sunda. Comro dijieun tina parudansampeu saterusna eta bahan buleud atawa “lonjong” anu bagian jerona dieusian sambel oncom nu saterusna digoréng, kunaon bet comro? Eta the singgetan tina oncom di jero.

2) Cilok atanapi aci dicolok eta ge kadaharan asli ti Tatar Sunda. Cilok dijieunna tina tipung aciwungkul atawa dicampur sareng tarigu terus dicampur cai tuluy dikulub. Pikeun nambahan rasa, umumna adonanna ditambahan bungbu, tai ogé uyah wungkul.

Ayeuna aya istilah anyar cilok gaul, nyaeta cilok anu aya eusina. Eusian bisa rupa-rupa, misalna:abonsosisgajihuratendog puyuh, jeung sajabana. Cilok biasa didahar jeung sambel kacangsareng kécap.

3) Ciréng wancahan tina aci digoréng, nyaéta kadaharan nu ilahar di Sunda, dijieun tina acisampeudibungbuan, tuluy digoréng.

Cara nyieun

Aduk tipung jeung cai, pedes, jeung uyah nepi ka rata. Tambahan ku bahan séjénna, galokeun sing rata. Goréng saséndok-saséndok nepi koneng jeung garing.

4) Koci nyaéta hiji katuangan nu ilahar kapendak di wewengkn pulo Jawa, didamelna tina ketanaya eusina ti parudan kalapa sareng gula beureum atanapi campuran kacang hejo sareng gula beureum, dibungkus ku daun cau. Di MadiunJawa Timur, koci katelah mbel-mbelan.

Bahan dasar

Bahan dasarna nyaéta adonan ketan jeung gula beureum (kawung) minangka kulitna, minangka eusina tina campuran parudan kalapa jeung gula beureum atawa campuran sari kacang héjo jeung gula beureum. Ari bungkusna, nyaeta daun cau. Bahan pangleuleueur nyaéta minyak kalapa.

Ngokolakeunana

Ngasakan ieu kadaharan téh ku cara diseupan (maké aseupan dina sééng atawa maké langseng).

Bentuk jeung rasa

Bentuk koci nyaéta limas (wangun ruang anu sisina opat segi tilu, bagian handapna segi opat.

Wanci nyieuna

Ari baheula mah koci teh sok dijieun dina waktu bulan puasa nyedek ka lebaran Syawal atawa nyedek ka lebaran Rayagung, tapi ayeuna mah iraha waé ogé sok dijieun, kasup dina hajatan.

5) Misro nyaéta kadaharan has ti Tatar Sunda. Misro dijieun tina parudan sampeu anu dibuleud-buleud lonjong sarta bagian jerona dieusian gula beureum nu saterusna digoréng. Alatan éta pisan kadaharan dingaranan Misro anu mangrupa singgetan tina amis di jero (basa Sunda). Ieu kadaharan leuwih ngeunah lamun didahar mangsa masih kénéh haneut.

6) Oncom nyaéta kadaharan tina kacang anu di-fermentasi-keun. Oncom mangrupakeun kadaharan has rahayat di Indonésia. Loba kamonésan tina oncom, diantarana oncom bisa jadi deungeun sangu ku jalan dipais, dibobotok, digoréng biasa, atawa dipasak jeung ulukutek leunca. Oncom bisa oge dikokolakeun jadi kiripik oncom.

Jenis oncom

Sacara garis badag, oncom aya dua rupa, nyaéta:

.

Kandungan gizi

Sanajan bahan-bahan oncom mangrupa panyésaan, tapi tina segi gizi mah masih kénéh padet ku gizi, nu matak kacida lebarna lamun heug dipiceun atawa ukur dibikeun ka ingon-ingon téh.

Bahan baku séjénna nu diperlukeun nalika nyieun oncom nyaeta kapang. Kapang oncom bisa ngaluarkeun enzim lipase jeung protéase nu aktip salila prosés férmentasi tur nyekel peranan penting dina ngawincik pati jadi gula, ngawincik bahan-bahan dinding sél kacang, ngawincik lemak, sarta ngawangun alkohol saeutik tur mangrupa-rupa éster nu bauna enak.

Loba jalma nu kurang ngahargaan oncom tibatan hasil ngokolakeun kakacangan lianna, saperti tahu atawa témpé. Hal ieu teh alatan oncom dijieunna tina hampas tahu atawa suuk. Padahal, sabenerna mah oncom miboga ajén jeung kualitas gizi nu alus minangka hasil tina prosés férmentasi. Lamun dibandingkeun, oncom bungkil suuk mibanda protéin, lemak jeung padetan nu ngaleyur leuwih loba tibatan oncom hampas tahu.

Ku ayana prosés férmentasi, struktur kimia bahan-bahan nu tadina kompléks, bakal kawincik jadisenyawa-senyawa nu leuwih basajan tug nepika leuwih gampang dicerna jeung dimangpaatkeun kuawak manusa. Proses férmentasi ku kapang ogé ngahasilkeun rasa nu dipikaresep ku konsumén.

7) Rangginang (atawa raginang, ranginangbasa Indonésia: rengginang, rengginang) mangrupakadaharan nu kasohor di Indonésia. Teu sirikna di unggal wewengkon, utamana di Pulo Jawa, miboga kamonésan ranginang gumantung kana wewengkonna masing-masing.

Kagunaan rangginang

Rangginang bisa didahar langsung, minangka susuguh keur sémah boh di imah boh dinu kariaan, atawa bisa ogé keur deungeun sangu.

Rupa-rupa rangginang

  • Dumasar rasana, rangginang aya nu asin jeung amis. Nu pangilaharna mah rangginang asin.
  • Dumasar bentukna, wangun rangginang bisa rupa-rupa, gumantung citakannana, bisa buleud atawa kotak, kadang-kadang henteu dicitak ku citakan, mung diréka-réka ku leungeun waé.
  • Dumasar ukurannana, euweuh babagian ranginang nu pasti dumasar kana ukurannana, tapi rangginang bisa variatif ti ukuran pangleutikna nu diaméterna kurang leuwih tilu sénti, nepikeun ka rangginang-rangginang gede nu leuwih ti sapuluh sénti.
  • Dumasar nu nyieunna, rangginang bisa dibagi jadi rangginang jieunan sorangan (biasana ibu-ibu di imah sorangan keur nyuguhan sémah atawa kadaharan sapopoé, nyieunna maké parabot saayana, citakannana kadang-kadang ukur dijieun tina awi), sarta rangginang jieunan pabrik (kiwari pabrik rangginang loba di mana-mana kalayan maké citakan nu leuwih hadé)

Bahan ranginang

Ranginang dijieun tina béas ketan anu diseupan sareng dibungbuan. Bungbuna bisa rupa-rupa gumantung kana rasa nu dipikaresep. Pikeun ranginang asinuyahbawang bodas jeung sajabana tangtu dibutuhkeun. Kadang-kadang ditambahan tarasi. Keur raginang amis, tangtu kudu makégula.

8) Tahu Sumedang nyaéta tahu nu asalna ti SumedangTatar Sunda. Ieu tahu biasana digoréng nepi ka rada garing, semu coklat, tur asin. Cocog lamun didahar jeung lontong. Sanajan asalna ti Sumedang, tahu ieu kiwari geus loba dijieun di wewengkon lianna di Indonésia.

9) Sambel nya éta kadaharan anu dijieunna tina bahan-bahan, boh tutuwuhan saperti céngék, bawang, jahé, cikur, tarasi (ieu mangrupa bahan utama), oncom, jsb.

Sababaraha jenis sambel anu geus umum pikeun coéleun di masarakat Sunda, nya éta:

a)      Sambel Tarasi

Pikeun meunangkeun sambel tarasi anu hadé, kudu dipilih jenis tarasi anu kualitasna alus. Sabab tarasi ogé aya sababaraha jenis.

Bahan pikeun ngieun sambel tarasi tangtuna wae tarasi, boh digoréng, dibeuleum atawa diseupan, terus céngék, bawang, uyah, gula (umumna gula beureum), jeung asem (pikeun panguat rasa jeung aroma anu has).

b)      Sambel Oncom

Bahan pikeun nyieun sambel oncom diantarana: oncom (rék digoréng, dibeuleum, atawa langsung atahna), uyah, gula, kencur, cabé rawit, bawang beureum, bawang bodas, sarta asem.

c)      Sambel Kemiri (muncang)

Bahan pikeun nyieun sambel kemiri (muncang) nya éta: ésé muncang (digoreng atawa dibeuleum), uyah, cabé rawit, gula beureum, tomat, jeung bawang beureum.

Tabel 1           : Kadaharan Sunda Sacara Alfabeth

No Ngaran Kadaharan Bahan Katerangan
1 Acar Sayuran
2 Angléng Tipung beas
3 Asinan Sayuran
4 Awung tipung beas
5 Bajigur Santen, gula beureum
6 Bandrék Bumbu, gula beureum
7 Borondong Beas, jagong
8 Bubuy beubeutian Bubuy sampe/boléd
9 Cendol Tipung béas, santen
10 Cingcau Daun cingcau
11 Cobék Lauk, belut Cobék belut
12 Comro Sampeu, oncom
13 Colénak Peuyeum, kinca
14 Cuhcur Tipung beas
15 Dagé Buah ngora cangkring
16 Dawet Tipung beas
17 Dodol Tipung beas
18 Dorokdok Kulit sapi/domba
19 Empal Daging
20 Gemblong Ketan
21 Gegetuk Parudan sampeu
22 Gulali Gula
23 Gurilem Tipung
24 Goyobod Tipung beas, santen
25 Jalabria Tipung beas
26 Japilus Tipung
27 Kalua Kulit jeruk Kalua jeruk
28 Kadedemes Kulit sampeu
29 Karédok Sayuran, bumbu
30 Katimus Tipung sampeu
31 Kasréng Tipung, kacang, teri
32 Kecap Kadelé Kécap majalengka
33 Keremes Boléd
34 Kéré Daging, lauk, belut
35 Kérécék Sayuran, lauk
36 Kiripik Sampeu
37 Kupat Béas
38 Kukuluban Beubeutian Kulub sampeu
39 Ladu Tipung béas
40 Laksa Daging, bumbu
41 Lapis Tipung béas
42 Leumeung Béas ketan
43 Leupeut Béas
44 Lupis Tipung béas
45 Manisan Buah-buahan
46 Maranggi Kulit sato
47 Misro Parudan sampeu, gula
48 Nagasari Tipung béas
49 Odading Tipung béas
50 Oncom Bungkil suuk
51 Ondé-ondé Tipung béas
52 Opak Tipung béas
53 Opor Hayam
54 Orog Tipung béas
55 Pais Lauk, hayam
56 Papais Tipung sampeu, béas
57 Peucang Parudan sampeu
58 Pencok Sayuran
59 Putrid noong Tipung, cau raja
60 Peuyeum Béas ketan, sampeu
61 Perkedél Kentang, daging
62 Rangginang Béas ketan
63 Rarawuan Parudan sampeu
64 Reuceuh Bonténg

  • kacindekan

kadaharan lain waé dipandang salaku hal pikeun nohonana kabutuhan fisik manusa, tapi tina tilikan folklor, kadaharan mangrupa cicirén kabudayaan hiji séké sélér bangsa nu ngagambarkeun karakteristik bangsana, kahirupan sosialna, kaayaan jeung sumber daya alamna, sarta tradisi nu dianut ku maranéhna.

Ngaran-ngaran kadaharan di sunda lolobana nyokot tina ngaringkes tina bahan kadaharan (akronim), cara nyieuna atawa ngolahna jeung tempat asalna, misalna cingcaw anu bahanna tina daun cingcaw, comro (oncom dijero) jeung peuyeum Bandung, kécap Majalengka, jrd.

Kadaharan mangrupa hal nu ésénsial pikeun ngadukung kabudayaan hiji séké sélér bangsa. Hal ieu misalna bisa katitén tina upacara adat/ritual nu ngagunakeun kadaharan pikeun ngalaksanakeunana. Upamana waé dina hiji ritual parupuyan sok ngagunakeun cikopi, dawegan, bakak hayam jeung kadaharan téh mangrupa bagéan tina folklor. Hiji séké sélér nu teu bisa dipisahkeun tina kahirupan. Sok sanajan kitu, sakumaha foklor liana, kadaharan dina hiji séké sélér  mungkin waé silih pangaruhan jeung kadaharan séké sélér séjenna, bahkan teu ngajadikeun hal nu mustahil hiji kadaharan nu mangrupa bagian tina hiji séké sélér, bisa leungit alatan kedéséh ku kadaharan séké sélér séjénna. Hal ieu nu geus karandapan ku kadaharan sunda kiwari. Dimana kadaharan sunda geus ngalaman parobahan alatan modérnisasi sarta kadéséh ku kadaharan modérn nu lolobana ti nagara deungeun.

  • Daftar Pustaka

Danandjaja, James. 2002. Folkor Indonesia. Jakarta: Grafiti.

Ekadjati, Edi S. 1995. Kebudayaan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya

Mariko, Arata. 2001. Masyarakat Petani Sunda dan Acara Makan Bersama. Bandung

Sabana, Setiawan. 2001. Kemasan Makanan Tradisional di Jawa Barat. Bandung

Suriawiria, Unus. 2001. Makanan Sunda. Bandung

www.wikipedia.com

www.kusnet.com


[i] Ditepikeun dina sawala folklor ping, 25 November 2008

[ii] Kelompok 7 anu anggotana:

Dadang Nasuha                     0706190

Hidayat Kusdinar                  0706309

Nurul Zakiyah                        0706367


Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

%d bloggers like this: