Artikel

Hegemoni Basa Indonesia kana Basa Sunda

Ping 21 Pébruari mangrupa hiji moméntum anu geus ditetepkeun ku UNESCO dina konférénsi taun 1999 anu ngarékoméndasikeun ka masarakat di sakuliah dunya pikeun ngamumulé Basa Indung Internasional. Geus sapuluh taun Basa Indung Internasional dipiéling ku masarakat nu aya di dunya, tapi waktu anu sakitu lilana can pati méré bukti anu konkrit ngeunaan pamakéan basa indung di tiap wewengkon nu aya di sakuliah dunya.

Data tina hasil panalungtikan di dunya nyebutkeun yén basa indung di dunya aya kana 7000 basa anu kabagi di lima benua, nya éta Amerika, Eropah, Asia, Afrika, jeung Australia. Tapi nu jadi permasalahan nya éta hampir 200 basa indung tiap tauna nu aya di sakuliah dunya ngalaman katumpuran. Basa Sunda-basa indung nu aya di wewengkon Jawa Barat mangrupa basa indung kadua panglobana nu makéna di Indonesia, tapi sok sanajan kitu teu jadi patokan yén basa Sunda moal ngalaman katumpuran. Kiwari masararakat Jawa Barat-Urang Sunda geus teu pati loba anu nyarita basa Sunda. Hal ieu disebabkeun ku ayana rasa inferior (ngarasa rendah diri) lamun nyarita basa Sunda, padahal lamun urang mikir sacara dewasa ngjaga atawa ngamumulé basa Sunda sarua jeung ngajaga atawa ngamumulé budayana sorangan. Rasa inferior éta sabenerna disebabkeun ku ayana hegemoni (dominasi) basa Indonesia kana basa indung di tiap wewengkon. Lamun urang nilik kana fungsi basa Indonesia nya éta “Basa Indonesia sebagai alat pemersatu bangsa” tangtuna alus pisan pikeun ngajaga persatuan jeung kesatuan. Tapi hiji hal nu perlu diinget ku ayana fungsi éta ulah nepi ka bas Indonesia ngagesér posisi basa Sunda salaku basa indung nu aya di wewengkon Jawa Barat.

Lamun ninggali kana landasan-landasan hukum ngeunaan kabahasaan, nagara Indonesia geus netepkeun dina UUD Pasal 32 Ayat 2, anu eusina “Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai kekayaan budaya nasional” tapi bukti anu karasakeun masih kénéh minim, sebut baé can aya réalisasi konkrit. Di Jawa Barat taun 2003 Gubernur ngaluarkeun keputusan daerah (Perda) Jabar No. 5 jeung 6 anu eusina pikeun ngajaga jeung ngarikasa basa, séni jeung aksara. Di taun 2006 Gubernur Jawa Barat ngaluarkeun putusan yén Basa Sunda dijadikeun mata pangajaran mulok wajib di sakabeh jenjang pendidikan (mimiti SD nepi SMA) ieu mangrupa hiji bukti konkrit kasariusan pamarentah daérah dina ngaréalisasikeun Perda No. 5 jeung 6. Ku kituna ayeuna mah tinggal sakola-sakola anu aya di Jawa Barat ngarojong kana putusan Gubernur Jabar ku cara ngawajibkeun basa Sunda salaku mulok wajib di tiap sakola.

Sikep urang salaku generasi ngora –masarakat Jawa barat geus samistina ngarojong kana rekomendasi UNESCO taun 1999, UUD pasal 32 Ayat 2, jeung Perda Jabar No. 5 jeung 6 ngeunaan basa, seni jeung aksara. Hiji hal anu paling penting anu kudu dijauhan ku masarakat Sunda hususna, yén urang téh ulah ngarasa rendah diri (Inferior) nyarita basa Sunda tapi tunjukeun yurang reueus (bangga) dina nyarita basa Sunda. Euweuh istilah hégémoni (dominasi) bas Indonesia kana basa Indung urang-basa Sunda.

ÉROTISME DINA GOYANG DANGDUT[1]

Ku: Dadang Nasuha[2]

  • Kasang Tukang

Séni tari mangrupa séni ngolah awak ku cara ngagerakeun sabagian atawa sakabéh anggota awak sangkan kacipta kaserasia, kasalarasan, jeung kasaimbangan nepi ngawujudna kaendahan (éstétik). Séni tari (goyang) sabenerna salah sahiji kesénian anu kacida loba macemna di indonesia sorangan. Saperti tari jaipong, tari salman, tari piring, tari merak, jsté. Namung sairing kamekaran jaman geus loba modifikasi-modifikasi dina tari éta sorangan.. Di jaman kiwari, hususna di sunda dikenal tari has sunda nya éta tari jaipong. Tari jaipong mangrupa tarian anu merlukeun katerampilan anu lumayan hésé, sabab dina tari jaipong hampir sakabéh anggota awak milu gerak, timimiti hulu, beuheung, leungeun, awak, nepikeun ka suku. Ku kituna teu loba jalma anu bisaeun tari jaipong. Terus iwal ti tari jaipong kiwari aya tarian-tarian anu bisa diasupkeun kana kritéria ngarusak moral bangsa, nya éta tari atawa goyang dangdut. Urang apal yén nu ngarana lagu dangdut baheula béda pisan jeung lagu dangdut kiwari, lamun baheula mah dina lagu dangdut téh anu diutamakeunana nya éta sorana, tapi justru jaman kiwari béda pisan jeung jaman baheula, lagu dangdut ayeuna mah leuwih nonjolkeun goyangan ti batan kualitas sora. Dina taun 2000 negri Indonesia sempat dihebohkeun ku munculna “goyang ngebor” ti penyanyi pasuruan Inul Daratista, sabenerna éta mangrupa hiji kasus anu bisa dikategorikeun kana penyimpangan dina éstétika.

  • Pornografi jeung Rélatifisme Bebeneran

Aya anu unik dina sawala di DPR ngeunaan pengesahan Rancangan Undang-Undang Antipornografi jeung Pornoaksi (RUUAPP) antara dua kubu kumaha tanggapanana kana masalah pornografi jeung pornoaksi sorangan, Kubu kahiji nya éta Rhoma Irama jeung Elvi Sukaesih spk (anu ngawakilan antipornografi tayangan goyang dangdut di TV), sedengkeun kubu kadua diwakilan ku Inul Daratista jeung Anisa Bahar spk (anu dianggap lamun nyanyi sok nampilkeun goyang anu ngandung unsure erotisme ). Tangtuna waé, forum ieu ngajadikeun ajang saling tunjuk saha anu salah jeung saha anu bener. Pihak pedangdut anu hiji nuduh ka pedangdut sejenna yén geus ngalakukeun pornografi jeung pornoaksi dina goyangana.

  • Analisis Kasus

Tina kasus ieu bisa katempo yén masing-masing jalma ngabogaan sawangan anu béda ngeunaan naon anu disebut pornografi jeung pornoaksi. Sawangana ieu aya anu didasarkeun kana sababaraha tilikan, aya anu nilik dumasar kana agama, moral, adat katimuran, jeung aya oge anu nilik tina aspek séni. Masarakat umumna nganggep yén goyang “ngebor” Inul jeung goyang “patah-patah” Anisa Bahar kaasup kana goyangan anu ngandung unsure erotisme. Anapon aya sababarah jalma anu nyebutkeun yén goyang ngebor jeung patah-patah henteu kaasup kana pornografi jeung pornoaksi kulantaran ditilikna tina sudut pandang séni. Malihan, aya oge anu nempo goyang ngebor jeung goyang patah-éta mangrupa hiji gerakan olahraga anu teu bisa dilakukeun ku loba jalma.

Naha jalma anun nyawang kamandangna tina tilikan agama jeung moral salah? Tangtuna waé, henteu. Éta mangrupa hak maranehna rék mandang kumaha oge kana éta goyangan téh. Naming tangtuna oge maranehna boga kawajiban pikeun ngahormatan sawangan ti nu liana. Moal bisa maksakeun yén sawangan pihak nu hiji pang benerna ti batan sawangan nu séjénna.

Lamun kitu mana diantara sawangan anu paling bener? Tangtuna ogé bakal hésé ngajawab patalékan mana anu pang benerna, tapi anu pasti mah bakal lumaku waleran rélatifisme bebeneran, dina hartian lain euweuh bebeneran. Bebeneran éta tangtu aya, tapi bener numut kritériana sewing-sewang. Moal aya bebeneran anu sifatna mutlak, tapi nu aya myng saukur bebeneran anu nisbi, sabab bebeneran éta sorangan kaiket ku dua hal. Nu kahiji, nya éta sistem-sistem kuasa (sistem of power) anu ngahasilkeun jeung mertahankeun (produce and sustain of truth). Kadua, éfék-éfék kuasa (éfféct of power) anu dipangaruhanana jeung anu ngaluaskeunana (induce and extend of truth). Hal saperti kieu anu disebut “rézim” bebeneran (a regime of truth) (Foucault, 1980: 133).

Agama jeung moral ogé lumaku hukum rélatifisme bebeneran. Lamun jalma ngadasarkeun sawanganana kana agama jeung moral, agama jeung morala anu mana. Sabab, agama jeung moral mangrupa hiji teks anu ngabogaan interprétasi anu béda-béda (polyinterprétable). Kusabab interprétasina béda-béda ku kituna bebenerana oge béda-béda, moal aya bebeneran anu singular, tapi nu aya bebeneran plural.

Ajén-ajén anu pang luhurna atawa bebeneran éta asalna tina épisteme, nya éta sakabéh pola pikir ku sistem wacana anu digunakeun. Jadi bebeneran éta kajalin sacara intrinsik dina rélasi antara wacana anu digunkeun pikeun nungkap bebneran, sistem kakawasaan anu lumaku jeung kalungguhan subjék-subjék anu pakait. Ku kituna tangtukeun heula batesan-batesan pornografi jeung pornoaksi sewang-sewangna.

Masalah ieu bisa diteangan titik temuna, namung neangan titik temu tina sababaraha sawangan anu béda tangtuna geus teu ngahargaan deui kana perbédaan éta sorangan, dina hartian geus nyimpang ti démokrasi. Kuduna sawangan-sawangan éta diantep nepi mekar di masarakat salila teu nimbulkeun anarkis jeung disintegrasi bangsa. Tangtuna waé anu dimaksud di dieu nya éta perbédaan anu wadahan ku sumanget toleransi jeung mekarkeun budaya damé.

  • Sawangan Umum

Numutkeun simkuring saacan pamaréntah ngesahkeun UUAPP perlu dijieun heula batesan-batesan jeung kritéria ngeunaan pornograpi jeung pornoaksi éta sorangan. Sabab tanpa ayana batesan jeung kritéria anu jelas ngeunaan pornografi jeung pornoaksi tangtuna bakal hésé nangtukeun mana anu kaasup pornografi jeung mana anu henteu.

Ku kituna bébaskeun jalma ngabogaan batesan jeung kritéria pornografi jeung pornoaksi sewang-sewangan. Jalma-jalma anu nilik tina sudut pandang agama tangtuna geus boga batesan anu jelas yén awéwé dina islam, misalna. “Diwajibkeun maranéhanana nutup aurat, iwal ti beunget jeung kadua dampal leungeun” (QS Al-Ahzab: 59).

Lamun para panganut agama jeung moralis megang teguh kana prinsif-prinsif jeung ajarana, tangtuna waé moal aya deui anu nongton goyangan-goyangan anu ngandung unsure érotisme, pornografi jeung pornoaksi bakal paéh ku soranganana.

Salaku generasi ngora tangtuna urang embung moral-moral jeung ahlak generasi urang ka kotoran ku hal-hal samacem kitu. Mulai di diri urang, hindaran hal-hal anu bisa ngarusak kana moral jeung ahlak urang, misalna waé saperti anu geus dipédar diluhur nya éta pagelaran asli atawa tayangan TV anu nampilkeun goyangan anu ngandung unsur érotisme. Lain éta hungkul sabenerna anu ku urang kudu dihindaran, tapi sakabéh hal anu sifatna ngarusak moral jeung ahlak manusa.


[1] Diajengken pikeun nyumponan salasahiji pancén mata kuliah éstétika

[2] Mahasiswa jurusan pendidikan bahasa daerah FPBS-UPI Semester 3

Eksotisme Kota Kembang Jaman Baheula

Ku: Dadang Nasuha

Ngarasakeun kaéndahan kota kembang (Bandung) mangrupa hiji hal anu paling dipikareseup ku masarakat Bandung umumna. Naék sapeda kumbang ditengah-tengah kebon téh bari diusapan ku angin nu ngahiliwir kana jero dada mangrupa pangalaman anu kalintang mahalna. Dikenca jeung katuhu mata urang dimanjakeun ku hejona kebon enteh. Éta mangrupa salasahiji conto leutik tina kaeksotismeuan kota kembang, kota Bandung salian miboga pamandangan anu éndah, ogé miboga sajarah anu luar biasana beungharna. Sebut waé jalan Braga anu baheulana mah disebut “The Most Fashionable Street in The East Indies”. Dijalan Braga aya sababaraha wangunan sajarah anu kawilang penting pikeun bangsa Indonesia, saperti Gedung Merdeka jeung Museum Asia-Afrika (1895; tempat lumangsungna konferensi Asia-Afrika), Alun-alun (1810; taman nu pangkahijina di kota kembang), Masjid agung, Rumah Pendopo (1810; awalna salaku kantor The Founding Father of Bandung).

Wangunan jeung tempat nu diluhur disebutkeun mangrupa hiji bukti yén kota Bandung hiji kota anu kawilang maju dibandingkeun jeung kota-kota séjénna nu aya di Indonesia. Tapi dilain sisi wangunan-wangunan nu aya di kota kembang mangrupa paninggalan para panjajah nu datang ka kota kembang, memang teu bisa disumputkeun yén kota Bandung salah sahiji kota anu kaya rempah-rempah (samara).

Tapi kiwari Bandung geus kaleungitan identitas diri, anu tadina boga sababaraha gelar timimiti kota kembang, varis van java, jeung sebutan lianna. Hal étadipangaruhan ku kasadaran manusa anu geus teu paduli kana paninggalan luluhurna. Kiwari loba wangunan anu miboga arsitek kuno (arsitek walanda) anu geus kalandih ku gedong-gedong modern. Namung sok sanajan kitu aya tarékah pamarentah dina ngajaga jeung ngalestarikeun paninggalan luluhurna, contona waé jalan Braga ayuna geus dimodifikasi deui sangkan bisa sarua jeung jaman baheula.

Sok sanajan loba wangunan anu ngandung sajarah geus muali laleungitan, tapi Bandung tetep jadi pilihan dina ngeusi waktu liburan.


Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s