Sastra

Apresiasi Carita Pantun Budak Manjor

Ku: D. Nasuha


Eusi Carita:

Dina carita pantun “Budak Manjor” nyaritakeun lalakon Budak Manjor anu turun ka dunya pikeun ngumbara di hiji nagara anu ngarana Kuta Haralang. Manehna diutus ka dunya ku Sunan Ambu(indungna) jeung adina Genjru. Di imah Aki jeung Nini panyumpit kaduana cicing, Budak Manjor dititah mantuan Aki jeung Nini panyumpit pikeun neangan sato lutung 27, monyet 25 jeung jaralang 60 siki. Eta teh sabenerna mah pamenta Agan Aci haralang adina patih Gajah Haralang. Pas dibikeun ka Agan Aci haralang ternyata satona ngurangan hiji tiap jinisna. Kulantaran ngarasa ditipu ahirna Budak Manjor jeung adina dihukum.

Lain carita di nagara Kuta Tandingan aya hiji putri geulis adina Raden Patih Dipati Layung Kumendung, ngarana teh Agan Sumur Agung. Loba raja jeung anak raja anu ngalamar manehanana tapi lolobana gagal kusabab teu sanggup nyumponan pasaratana. Aya hiji anak raja anu ngarana Raden PatihKuda pamekas anu sanggup nyumponan eta pamenta putri the. Ngadenge Agan Sumur Agung geus aya nu ngalamar kacida ijidna ka Ratu Sungging, kulantaran meunang bantuan tu Budak Manjor ahirna Agan Sumur agung bias dikawin ku Ratu Sungging. Kabeh raja-raja anu gagal ngalamar ka eta putri nyerang ka Ratu Sungging, tapi kabehanana oge eleh jeung tahluk di leungeun Budak Manjor.

Analisis Carita Pantun:

1) Palaku

  • Budak Manjor
  • Genjru
  • Sunan Ambu
  • Lengser
  • Aki jeung Nini panyumpit
  • Agan Sumur agung
  • Patih gajah pamalang
  • Raden patih Kuda pamekas
  • Ratu sungging Gilang mantra
  • Layung Kumendung
  • Kidang Lumayung

2) Alur

Alur anu digunakeun dina ieu carita pantun “Budak manjor” nya eta alur maju, kulantaran dina ngalalakonkeun caritana budak manjor mimiti dikenalkeun terus nimu masalah, klimaks, antiklimaks, terus hirup bagja ahirna.

3) Setting

Aya sababaraha tempat anu ngagambarkeun kajadian di carita pantun “Budak Manjor” teh, diantarana:

a)      Nagara atawa karajaan

b)      Leuweung

c)      Kahiangan

d)     Samudra

4) Rangkay Carita

a) Rajah Pamuka

Dina carita pantun aya nu disebut rajah, rajah sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh mangkat carita. Eusina mangrupa sanduk-sanduk lantaran rek ngamimitian mantun.

Conto Rajah;

pun sampun

Ka luhur ka sang rumuhun

Ka handap ka sang batara

Ka batara ka batari

Ka batara Naga raja

…..

b) Mangkat

Maksud mangkat di dieu nya eta ngamimitian indit ngalalakon, bias oge  mimiti di wanohkeunana palaku ku juru pantun.

Conto Mangkat;

Ayeuna anu bade dicarita

Tanah pulo jawa Beulah kulon

Tanah pasundan

Kacarios aya hiji nagara

…..

c) Nataan

Nya eta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah hiji palaku carita dina hiji kajadian, saperti putrid dangdan, lengser lumpat, satria perang jeung sajabana.

Conto Nataan:

Kek kerewek baju bekek mani sakepek

Adat panawakan dangdan

Totopong bong totopong bang

totopong batik manyingnyong

dibendo dibelengongkeun

…..

d) Ngalalakon

Bagian ngalalakon dina ieu carita pantun ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hii kajadian jeung kajadian saterusna.

Conto Nataan:

Sigeg ayeuna di Nagara Kuta Tandingan

Emban ceurik balik ngariringkik

“Gusti tiwas, tiwas gusti

agan anu geulis henteu aya

……

e) Rajah Pamungkas

Rajah pamungkas dimaksudkeun pikeun ngaihunkeun ka para karuhun jeung dewata anu parantos ngaberkahan dina mawakeun carita pantuna, jeung deui pikeun nutup hiji pagelaran carita pantun anu dibawakeun ku juru pantun.

Conto rajah pamungkas:

Teja melendung disarandung loa

Beja teu nyambung kasarung boa

Carita darma ngajalankeun

……

Bul kukus aing mendung ka pangguing

Ka manggung neda paying

Ka dewata neda suka

Ka pohaci neda suci

……

  • Hal-Hal Anu Kapanggih Dina Carita Pantun” Budak manjor”

a)      Dina carita pantun “Budak Manjor” rajah anu digunakeun dina pamuka atawa pamungkas carita geus aya pangaruh islam, henteu saperti rajah carita pantun anu aslina anu memang masih keneh pengkuh kana kapercayaan animism jeung dinamisme, saperti Sang Batara, Dewata, Sri Pohaci, jrd. Tapi dina carita pantun ieu geus aya omongan ti jiru pantun anu menta palindungan tka Gusti Allah, para Nabi jeung Malaikat.

Contona:   lengkong lailaha ilallah

Muhammaddurasulullah

…….

b)      Dina carita pantun “Budak manjor” oge loba hal-hal anu sifatna kaasup jorang atawa cawokah, boh dina paguneman para palaku atawa dina nyaritakeun paripolah palaku saperti keur dibaju atawa dangdan.

Contona:   “na kumaha atuh dangdan teh?”

“duka gan, duka cawet nu heureut

duka gagaduhan nu panjang teuing

ngaburasel bae nun”

ÉSTÉTIKA  DINA PUISI [*]

Kelompok 1[†]

Abstrak

Puisi biasa ogé disebut karangan wangun ugeran. Disebut wangun ugeran sabab kauger ku wangunna jeung diksina kayaning pilihan kecap, ungkara kalimah, jeung sajabana.; tur biasana rakitanana leubeut ku wirahma; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa (karangan wangun lancaran).

Dina ngajén hiji puisi, moal leupas tina kasubjéktifan ti anu ngajéna sorangan. Éta kasubjektifan teh bias diwatesanan ku pangaweruh jeung penguasaan tiori tur kamampuh dina nyangkeum kana kabahasaanana.ku kituna éstétika minangka hal anu maluruh atawa patalina jeung kaendahan, bias dijadikeun salasahiji cara dina maluruh ajén-ajén éstétik anu aya dina puisi.

Kéyword (kata Kunci) : puisi, wangun ugeran,  kasubjektifan, éstétika, ajén-ajén éstétika.

Pangjajap

Basa dina karya sastra  dipaké (alat) pikeun ngahontal ajén-ajén éstétis (kaéndahan séni). Carana rupa-rupa, bias ngagunakeun purwakanti, gaya basaa, pakemaman basa, dicokot harti injeman, jeung sajabana. Basa dina karya sastra henteu kudu basa “kabujanggaan” baé, anu dimaksud basa kabujanggaan teh nya éta kekecapan, ungkara kalimah, atawa rakitan anu dianggap pinunjul, anu biasana sok dipake ku para pujangga dina ngarang karya sastrana. Basa anu dipake ku urang sapopoe éta oge bias dijadikeun basa dina ngarang salasahiji karya sastra.

Dina jurnal ieu materi anu baris dipedar nya eya astetika dina puisi. Sacara etimologis puisi asalna tina basa yunani “Poeima” anu hartina “jieun” atawa “Poesis” anu hartina “Pangjieunan”. Sacara istilah puisi nya éta salasahiji cabang sastra anu ngagunakeun sababarha kecap minangka media nepikeunana. Numutkeun Chairil Anwar, puisi nya éta hiji hal anu agung, suci tur mampu ngieun kecap jadi ajén-ajén kaendahan anu kudu dipaluruh dina kajian éstétika sangkan bias ngawatesanan kasubjektifan dina ngajén hiji puisi. Puisi biasa oge disebut karangan wangun ugeran. Disebut wangun ugeran sabab kauger ku wangunna jeung diksina kayaning pilihan kecap, ungkara kalimah, jeung saabana.; tur biasana rakitanana leubeut ku wirahma; lain din ungkara kalimah cara dina basa sapopoe atawa cara wangun prosa (karangan wangun lancaran).

Dina puisi buhun umumna ugeran teh leuwih nyoko kana wangunna. Upamana bae aya patokan-patokan anu disebut guru lagu, guru wilangan, jumlah padalisan dina sapadana, jeung murwakanti.  Diksi utamana dipake pikeu nyumponan éta patokan. Sedengkeun dina puisi modern saperti sajak, ugeran teh leuwih  nyoko kana diksi jeung wirahma. Taya patokan anu disebut guru lagu, guru wilangan, atawa jumlah padalisan dina sapadana.

Anu tetela ngabedakeun puisi jeung sastra teh nyaéta wirahmana. Sabab upama nilik kana rupana, teu saeutikpuisi utamana sajak, anu cara nulisna teu beda ti prosa. Hartina henteu depenggel-penggel jadi sababaraha padalisan atawa jadi sababaraha pada. Bedana jeung prosa, puisi mah pinuh ku wirahma. Ari anu disebut wirahma nyaéta lalawanan sora luhur-handap. Tarik-laun, panjang-pondok kalawan mindeng tur teratur. Dina milih-milih ungkara basa jeung ngudag wirahma, mindeng kapanggih ungkara basa anu teu ilahar, boh kekecapanana boh adegan basana. Timbul we istilah Licencia poetika anu ngawenangkeun panyajak pikeun ngarempak aturan basa nu teu ilahar.

Puisi sunda teh rea rupana tur bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Dumasar kana waktu gumelarna, aya puisi buhun jeung puisi modern. Puisi buhun bisa dipasing-pasing deui dumasar kana eusina, aya nu ngawujud lalakon nyaéta carita pantun jeung wawacan, aya anu henteu ngawujud lalakon kayaning mantra, sisindiran, kakawihan, pupujian, jeung guguritan. Ari puisi modern nyaéta sajak bebas, anu kiwari cukup ku disebut sajak bae.

Puisi buhun anu ngawujud lalakon

  • Carita pantun

Carita pantun kaasup kana karya sastra sampakan, nya éta karya sastra anu dianggap asli, ayamna teu kapangaruhan ku karya sastra sejen.  Carita pantun mangrupa carita anu ukurana paranjang. Hubungana jeung puisi nya éta wangun carita pantun ditulis dina wangun puisi. Conto carita pantun diantarana; lutung kasarung, munding laya dikusumah, ciung wanara, jrd.

Conto wangun carita pantun (Lutung kasarung):

Ludak-ledok diborehan,

Lain teu wuni boboreh,

Dipulasan keler nahun,

Nu geulis ngadadak goreng,

hideung batan wadah teuleum,

Bangbang awak batan gagak,

Ngan sorotna henteu leungit,

Sasemu keneh jeung ambu,

Pakean jiga kiramay,

Karembong saburubutan,

Sarindang sariga rambang,

Dibahan boboko buntung,

dibahan cecempeh rombeng,

….

  • Wawacan

Wawacan teh nya carita anu didangding, ditulis dina wangun puisi pupuh, Naskah sunda anu kungsi aya, rereana mah eusina carita wawacan, sok najan aya eusi sejen dina éta naskah teh. Wawacan mangrupa jengglengan sastra dua pangaruh, nya éta pangaruh Jawa jeung Arab (Islam).

Conto wawacan (Angling darma jadi waliwis)

Pupuh durma

Beuki tambah napsu tilu putri tea, ngomongna tambah beungis, geuwat Angling Darma, maneh teh geura nyingkah, mun maneh teu geur indit, tinangtu pisan, dipaehan ku kami.

Puisi buhun anu teu ngawujud lalakon

  • Mantra

Nilik kana wanguna, mantra teh mangrupa  puisi (wangu ugeran), sok sanajan teu matok aturtanana atawa teu ditangtukeun guru laguna, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina tiap pada. Ayana mantra bisa disebutkun geus lila lantaran ieu sastra teh geus disebut dina naskah Sahyang Siksa Kanda ng Karesian, nu unina:

Hayang nyaho di sakweh ning aji mantra ma jampa-jampa, geugeuing, susuratan, sasaranan, kaseangan, pawayagahan, puspaan, susudaan, huriphuripan, tunduk iyem, pararasen, pasakwan: sing sawatek aji ma sang brahmana tanya.

Rusyana (1970) ngabagi-bagi mantra jadi genep nay éta; asihan, jangjawokan, ajian, singlar, rajah jeung jampe.

1)      Asihan, nya éta mantra anu dipake pikeun ngawasa atawa mangaruhan sukma nu lian.

Conto Asihan Si Burung Pundung:

Asihan aing si burung pundung

Maung pundung datang amum

Badak galak datang depa

oray laki datamg numpi

burung pundung burung cidra ku karunya

malik welas malik asih ka awaking

2)      Jangjwokan, nya éta mantra anu dipake pikeun milampah hiji pagawean.

Conto jangjawokan paranti seuri:

Puruluk buy tina huntu

Paralak bay tina létah

Seukeut seuri tajem pantes

Ret nu hayang ret n uasaih

Si Semar hah-hah-hah-hah

Si semar hih-hih-hih

Si Semar anggulitek angguliyeng

3)      Ajian, nya étamantra anu dipake pikeun meunangkeun kakuatan pribadi.

Conto Ajianpikeun kabedasan:

Dampal suku ngabatu datar

Bitis ngabatu wilis

Nyurup ka badana

Nyurup ka sumsumna

Getih sabadan

Bedas ngala ka aki

Bismillah (sumarsono, 1983;38)

4)      Singlar, nya éta mantra anu dipake pikeun nyinglar gangguan ti jurig, lelembut, musuh, sasatoan nu galak jeung hama anu ngaganggu manusa.

conto singlar ka musuh

kalaka kaliki

kala lumpat ka sisi cai

ngaran sia kuli kai

tawa tawe

ditawa ku sang indung putih

tiis tipeuting waras ti beurang

paripurna hurip waras

5)      Rajah, nya éta mantra anu dipake upama rek ngambah leuweung anu sanget.

Conto rajah munding laya dikusumah

Pun sapun

Ka raja pakuan

Nu calik di gunung padang kulaon

Ka prebu ratu galuh

Ka buyut Murugul Mantri Agung

Nu tapa dijero gunun.

……

  • Sisindiran

Sisindiran teh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol.

Papasingan Sisindiran upama ditilik tina wangun jeung cara ngebrehkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan, nya éta : a) rarakitan; b) paparikan; c) wawangsalan.

a)         Rarakitan, nya éta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi.

Conto :      lamun urang ka cikole

Moal hese tumpak kahar

Lamun urang boga gawe

Moal hese barang dahar

b)         Paparikan, nya éta asalna tina kecap parik anu hrtina deukeut.

Conto : meucit meuri dina rakit

Boboko wadah bakatul

Lain nyeri ku panyakit

Kabogoh direbut batur

c)         Wawangsalan, nya éta karangan anu diwangun ku sindir jeungeusi.

Conto :     beulit cinggir simpay tangan

Ulah lali ka sim abdi (ali)

  • Kakawihan

Istilah kakawihan teh saenyana mah mangrupa istilah seni sora. Upamana ayeuna jadi ulikan sastra, lantaran umumna rumpaka kakawihan mangrupa puisi (buhun): ngandung wirahma, murwakanti, sarta kauger ku ciri-ciri puisi liana.

Conto kakawihan:

EUNDEUK – EUNDEUKAN

Eundeuk-eundeukan, Cangkuang,

Bale Bandung paseban, Parakanmuncang

Meunang peucang sahiji

Leupas deui ku nini

Beunang deui ku aki

UCANG ANGGÉ

Ucang-ucang angge

Mulung muncang ka papangge

Digogog ku anjing gede

Anjing gede nu Mang Lebe

Anjing leutik nu Ki Santri

Ari gog, gog cungungung

  • Pupujian

Pupujian teh nya éta puisi anu eusina ngeunaan puja-puji, doa, nasehat, jeung ajaran anu dijiwaan ku agama islam. Pupujian di sunda sok disebut oge nadoman, nya éta runtuyan kekecapan nu kauger ku padalisan jeung pada.

Puisi pupujian mibanda dua fungsi nyaéta fungsi ekspresi pribadi jeung fungsi sosial. Fungsi sosial pupujian kaitung onjoy batan  fungsi ekspresi pribadi. Ieu fungsi teh dipake pikeun mangaruhan pikiran, parasaan jeung tingkah laku manusa, disagedengeun dipake pikeun nepikeun ajaran agama.

Conto pupujian:

Eling-eling dulur kabeh

Ibadah ulah campoleh

Ngaji Qur’an maca tasbeh

Pibekeleun urang paeh

Eling-eling nu sok solat

Enggal ka masjid tong elat

Urang berjamaah solat

Ngarah tambih-tambih rahmat

  • Guguritan

Guguritan nyaéta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang. Ku lantaran teu panjang tea, biasana mah ukur dina hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita (naratif) (Iskandarwassid, 1992: 46)

Cara nepikeunana lumrahna dibaca bari dihariringkeun make lalaguan anu geus matok keur pupuh.

Guguritan anu tinulis biasana mah sok disebutkeun pangarangna. Di antarana bae R. Haji Muhamad Musa Nalis ”Wulang Karma” (1862), ”Wulang Guru” (1865) jeung ”Wulang Murid” (1855); R.A. Bratadiwidjayanganggit ”Asmarandana Lahir Batin” (1892).

Saterusna guguritan mekar tepi ka abad ka-20, malahan terus tumuwuh tepi ka kiwari. Guguritan anu gelar dina abad ka-20, diantarana bae ”Guguritan Laut Kidul” karya Kalipah Apo, ”Kiamat Leutik” karya Tubagus Jayadilaga, ”Leungiteun Bapa” karya Memed Sastrahadiprawira, ”Di Sisi Talaga” karya M. A. Salmun. Demi pangarang anu sok nulis guguritan dina mangsa sabada proklamasi kemerdekaan, diantarana bae: R.A.F. Wahyu Wibisana, Apung S.W, jeung Dedy Windiyagiri.

Conto guguritan (Guguritan Laut Kidul);

Pada Mimiti

Laut Kidul kabeh katingali

Genbat paul kawas dina gambar

Ari ret ka tebeh kaler

Batawi ngarunggunuk

Lautna mah teu katingali

Ukur lebah-lebahna

Semu-semu biru

Ari ret ka kaler wétan

Gunung Gede jiga nu ngajakan balik

Meh bae kapiiuhan

….

Guguritan teh ditulisna dina wangun pupuh. Ari nu disebut pupuh nya éta puisi anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina tiap pada. Pupuh dina sastra sunda teh aya 17, dibagi kana dua golongan, anu kahiji nya éta Pupuh Sekar Ageng (Kinanti, Asmarandana, Sinom jeung Dangdanggula), anu kadua nya éta Pupuh Sekar Alit ( Balakbak, Maskumambang, Ladrang, Pucung, Lambang, Mijil, Durma, Pangkur, Gambuh, Gurisa, Wirangrong, MAgatru, jeung Jurudemung.

  • Sajak

Sajak teh nya éta karya sastra wangunugeran (puisi) anu teu pati kauger ku patokan-patokan. Nu matak sok disebut oge sajak bebas. Bebas didinya lain, tangtuna oge relatif, lamun dibandingkeun jeung guguritan anu make wangun pupuh dina panulisana, sajak mah leuwih bebas. Nilik wanguna, tacan aya aturan anu tangtu pikeun netepkeun panjang pondokna sajak, bisa diwangun ku dua jajar atawa panjang ngagebay. Contona, sajak karya Ajatrohaedi anu judulna ”Paturay”  ukur di wangun ku dua jajar, geura titenan sajakna dihandap ieu.

PATURAY

Sapeuting leumpang babarengan

Ti dinya duaanana tilah dunya

Pon kitu deui, sajak Rahmat M. Sas.karana anu judulna”Panutan” anu sajakna saperti dihandap ieu:

PANUTAN

Samoja mangkak minuhan dada

Deus alum ge tetep kula nu mibanda

Sajak teh dina sastra sunda mah lain karya sampakan, bisa jadi pangaruh tina sastra Indonsia. Mimiti gelar sabada merdeka, sajak sunda munggaran ditulis ku Kis Ws dina taun 1946.

Conto sajak:

Apip Mustopa

DU”A

Haturan Pa Otto Iskandar di Nata

Jungjunan

pangnagkeupkeun éta nyawa

nu indit taya nu nanya

taya tapakna di dunya

angin

pangusikkeun sapangeusi buana

yen aya sinatria nu perlaya

di wewengkon langit sunda

bulan

baturan éta nyawa nu ditundung

di tempat buktina taya nu daek ngajungjung

he panonpoe

geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala

sangkan ieu dada

Sakumna nyawa sunda

nyaho boga pahlawan digjaya

Ciri-ciri Basa dina Puisi

Unsur (ajén) éstétik dina puisi bisa ditilik dina ciri-ciri basa anu digunakeun dina puisi, diantarana, nya éta:

1)      Madetkeun Basa

Basa  dipadetkeun sangkan miboga kakuatan gaib, maksudna lamunpuisi éta dibaca dina kecap-kecap anu henteu ngawangun kalimahjeung alinea, tapi ngawangun lirik jeung bait anu beda hakekatana. Larik miboga ma’na anu leuwih lega tibatan kalimah. Tina éta wujud panyajak miharep bisa ngamunculkeun ajén-ajén estetik dina puisi.

2)      Milah-milah Kecap Has

Faktor-faktor anu dipertimbangkeun dina milah-milah kecap, nya éta :

a)      Ma’na kias

Dina hakekatna puisi nya éta genre sastra anu paling loba ngagunakeun ma’na kias, kadang aya ma’na kias anu gampang dicangkeum ku anu maca lantaran aya panjelasan dina larik satuluyna, tapi kadang aya ma’na kias anu memang hese dipikaharti ku anu maca. Ku kituna nu maca kudu mampu napsirkeun ma’na lugas tina éta larik.

b)      Lambang

Dina puisi loba digunakeun lambanhg gaganti hiji hal/banda/jalma atawa liana. Rupa-rupa lambang nu aya dina puisi nya éta lambang barang, lambang sora, lambang, kaayan, lambang warna.

c)      Rima atawa sasaruaan sora

Milah-milah kecap dina padalisan ka padalisan sejena ku cara nimbang kecap-kecap anu ngabogaan sora anu sarua. Sora-sora anu diulang ieu nyiptakeun kakuatan basa atawa anu sok disebut gaya gaib kecap saperti anu aya dina ma’na.

d)     Kecap konkrit

Panyajak biasana sok milih kecap atawa diksina anu ngndung ma’na tapsiran, tapi di sagedengen éta aya sababaraha diksi anu ma’nana konkrit atawa jelas.

e)      Imajinasi

Panyajak oge nyiptakeun imajinasi (pencitraan) dina puisina. Ngaliwatan pengimajinasian panyajak ngupayakeun ka anu maca bisa bener-bener neuleuman kana naon anu digambarkeun dina éta puisina. Ku ayana imajinasi éta anu maca bisa bener-bener ngarasakeun (imajinatif taktil), nempo (imajinatif visual) jeung bisa ngadenge (imajinatif audio).

f)       Irama (ritme)

Irama mangrupa salasahiji anu ngajadikeun hiji puisi ngandung kaendahan (estetik) saba ku ayana irama anu harmonis tiap padalisan tangtuna bakal ngajadikeun hiji gelombang sora anu endah. Irama oge ngabogaan harti ngagntikeun harti anu tadina keras jadi lembut, luhur jadi handap, panjang jadi pondok, jrd.

g)      Tata wajah

Dina puisi mutahir (sanggeus taun 1976), loba puisi anu anu ditulis mentingkeun tata wajah, maksudna panyajak nyiptakeun tulisan puisi dina bentuk gambar, puisi jenis kieu disebut puisi konkret kusabab tata wajah tulisan puisi ngagambarkeun maksud jeung tujuan anu rek di tepikeun ka anu maca.

Ajén Estetik dina Puisi

Aya sababaraha hal dina puisi anu ngajadikeun hiji puisi ngabogaan unsur kaendahan (estetik). Saperti anu geus dijelaskeun diluhur yen dina puisi aya anu ngarana permainan kecap, kumaha pinterna panyajak dina milih diksi-diksi anu dipadu padankeun jeung kecap-kecap biasa sahingga ngajadikeun hiji puisi endah jeung unik, terus dina hal murwakanti anu ngajadikeun hiji puisi saperti hiji beungkeutan tulisan anu runtut raut (harmonis).

Dina pencitraan (imajinasi) panyajak, kumaha kapinteran panyajak ngadumaniskeun antara hiji hal anu teu logis jeung pamakean diksi anu patukang tonggong. Malahan teu saeutik panyajak anu ngagunakeun perbandingan (analogi) anu patukang tonggong oge, saperti ngagunakeun majas personifikasi, métafora, hiperbola, jrd.

kacindekan

Nilik kana wanguna, karya sastra teh dibagi jadi tilu golongan nya éta puisi, prosa jeung drama.

Numutkeun Chairil Anwar, puisi nya éta hiji hal anu agung, suci tur mampu ngieun kecap jadi ajén-ajén kaendahan anu kudu dipaluruh dina kajian éstétika sangkan bias ngawatesanan kasubjektifan dina ngajén hiji puisiSagala hal anu mangrupa karya cipta manusa pasti ngabogaan ajén-ajén éstétika sok sanajan dina kanyataana teu saeutik karya sastra anu kurang dipikareseup ku masarakat, tapi disagedengen éta tangtuna bae hiji karya sasta ngabogaan ajén kaendahan sok sanajan ngan jalma-jalma anu ngabogaan nilai estetik lihur anu mampu ngajén karya-karya sastra manusa.

Dina ngajén hiji puisi, moal leupas tina kasubjéktifan ti anu ngajéna sorangan. Éta kasubjektifan teh bias diwatesanan ku pangaweruh jeung penguasaan tiori tur kamampuh dina nyangkeum kana kabahasaanana.ku kituna éstétika minangka hal anu maluruh atawa patalina jeung kaendahan, bias dijadikeun salasahiji cara dina maluruh ajén-ajén éstétik anu aya dina puisi.

Daftar Pustaka

Koswara, dedi.2007. Racikan Sastra. Bandung

Ruhaliah. Sajarah Sastra Sunda.2002. Bandung

Tamsyah, Budi Rahman.1997. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: C.V Pustaka Setia

www. Urang sunda.com

www.komunitas sunda.com


[*] Ditepikeun dina diskusi kelas Mata kuliah Éstétika anu jejerna “Éstétika dina Puisi”. Bandung,  19 November 2008.

[†] Anggota Kelompok 1:

–          Dadang  Nasuha

–          Ikhsan Nugraha

–          Tya Siti Aisyah

–          Kurnia Novita

–          Imas Siti

Mata Kuliah Menulis Karya Populer

Judul Buku                  : Baruang Ka Nu Ngarora

Pangarang                   : D.K Ardiwinata

Pedalan                       : Rahmat Cijulang

Taun Medal                 : Taun 1914

Cétakan Kahiji            : Taun 1914

Cétakan Kaopat          : Taun 1966

Kandel Buku               : 152 kaca

  • Resensi Novel

Dina buku novel “baruang ka nu ngarora” karangan  D.K Ardiwinata anu ditulis dina taun 1914 terbitan  Rahmat  Cijulang ngagambarkeun kahirupan masarakat cacah jeung masarakat ménak, dina novelna pangarang ngagambarkeun kahirupan masarakat cacah ku tokoh Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen, sedengkeun masarakat ménak ku Aom Usman. Dina ieu buku katiten yen ayana jurang pamisah antara masarakat cacah jeung masarakat ménak. Aya bagian dina novel ieu anu ndudhkeun hal éta, nya éta nalika Aom Usman haying kawin ka Nyi Rapiah kontan kulawaega aom Usman hususna indungna teu nyatujuan kana pamaksadan Aom Usman. Hal éta dilantarankeun ku ayana perbedaan status soaial diantara duanana.

Novel karangan D.K Ardiwinata nayritakeun kahirupan Nyi Rapiah anu jadi kembang desa Dina hiji wewengkon, manehanana téh anak jalma anu kawilang benghar diwewengkon asalna. Kacaritakeun nyi Rapiah kawin jeung hiji lalaki anu bisa diwilang sadarajat jeung manehna lamun diukur jeung status soaial Nyi Rapiah. Ujang Kusen lalaki anu bisa meunangkeun Nyi Rapiah téh. Tapi kahirupan rumah tanggana teu patu bagja kusabab ayana pihak katilu anu ngudag-ngudag Nyi Rapiah, Aom Usman anak katurunan ménak anu kacantol hatena ku kageulisana Nyi Rapiah. Sok sanajan mimitina teu kagoda ku ajakan Aom Usman, Nyi Rapiah dina ahirna mah kawin jeung Aom Usman sok sanajan manehanana dicandung ku aom Usman. Kusabab hal éta oge ngajadikeun hiji dampak negative pikeun Ujang Kusen, tisaprak pipisahan jeung Nyi Rapiah Ujang Kusen kahirupanana jadi teu bener, gawena ngan saukur mabok jeung maen awewe.

Dina novel ieu tangtuna urang bisa nimukeun loba picontoeun keur kahirupan urang, kumaha carana mandang jelema téh lain ditempo dina stastus sosialna, tapi urang bisa nempo paripolah jeung kaimananana.

Apresiasi Wawacan “Pangeran Dipati Ukur I”

  • Eusi carita:

Dina wawacan ”Pangeran Dipati Ukur I” nyaritakeun lalakon anjeuna dina ngajalankeun kahirupan anu ngabdi ka Sultan Agung Mataram, Dipati Ukur sabenerna masih pencaran ti raja Pdjajaran. Dipati Ukur langsung diangkat jadi prajurit, tapi aya nu teu resepeu ka manehna nya eta Senapati Raden Ronggonoto. Teu pati lila kulantaran ka jujuran jeung kahebatan Pangeran Dipati Ukur anjeuna diangkat jadi wakil Senapati Raden Ronggonoto.

Senapati Ronggonoto kacida sewoteuna ka Dipati Ukur, loba siasat anu dilakukeun ku manehna pikeun nyinmgkirkeun Dipati Ukur. Mulai dititah adu jajaten nepi ka gelut jeung singa anu masih keneh liar. Tapi kulantaran kahebatan Dipati Ukur sagala hal anu ngaganggu anjeuna bisa ka singkahan. Hiji peuting aya istrina Senapati Ronggonoto, R.A Werdaningsih dating ka kameur senapati Dipati Ukur pikeun ngabejaan niat jahat salakina Raden Ronggonoto. Ku kalicikan Ronggonoto kajadian istrina sorangan difitnah salingkuh jeung Pangeran Dipati Ukur. Ku sabab ngarasa kadatangan manehna ngaganggu katenangan Senapati Ronggonoto, ahirna pangeran Dipati Ukur ninggalkeun Mataram pikeun balik ka lemburna di Tatar Sunda.

Pangeran Dipati Ukur ngarasa ternyata di tanah kalahirana sorangan loba masalah anu kudu dianggeuskeun, terutama gangguan tu Walanda.

  • Analisi Wawacan ;Pangeran Dipati Ukur I” :

a) Palaku

1)      Pangeran Dipati Ukur

2)      Sultan Agung Mataram

3)      Senapati Ronggonoto

4)      R.A Werdaningsih

5)      Mas Jayengrono

6)      Ki Mardewa

b) Alur

Alur anu di gunakeun dina ieu wawacan”Pangeran Dipati Ukur I” nya eta alur maju.

c) Setting

Setting anu digunaken dina ieu carita nya eta :

1)      Lingkungan karajaan Mataram

2)      Imah lurah patruman

d) Amanah

Aya sababara amanah anu bisa dicokot dina ieu wawacan the, diantarana:

1)      Dina ngajalankeun kahirupan the urang kudu kerja keras

2)      Ulah sirik ka batur

3)      Bisa narima kana kaunggulan batur

4)      Kudu ngabogaan kayakinan anu kuat dina ngajalanjkeun hiji hal, jrd.

  • Patalina wawacan jeung pupuh anu dipake;

Dina nyaritakeun wawacan memang ilaharna sok dibawakeun dina wangun pupuh, sabab balik deui kana esensi wawacan sorangan nya eta carita anu di dangdingkeun anu ditulis dina wangun puisi pupuh.

Sababaraha pupuh anu digunakeun dina wawacan “Pangeran Dipati Ukur I” diantarana:

1)      Pupuh Sekar Ageng

a)      Pupuh Kinanti (watak; prihatin, hareupan) aya 61 pada

b)      Pupuh Asmarandana aya (watak; birahi, silihasih) 179 pada

c)      Pupuh Sinom (watak; gumbira)  aya 63 pada

d)     Pupuh Dangdanggula (watak; gumbira, kaagungan) aya 59 pada

2)      Pupuh Sekar Alit

a)      Pupuh Mijil (watak; sedih, cilaka)  aya 61 pada

b)      Pupuh Durma (watak; ngambek, pasea)  aya 159 pada

c)      Pupuh Pangkur (watak; napsu, sedih)  aya 131 pada

d)     Pupuh Wirangrong (watak; wiring, apes)  aya 104 pada

e)      Pupuh Magatru (watak; prihatinaya 27 pada

f)       Pupuh Pucung (watak; piwuruk, wawaran)  aya 70 pada

  • Analisis pupuh anu dipake:

Numutkeun simkuring penggunaan pupuh dina carita wawacan teu sambarangan make, tapi kudu ningali heula konteks situasi anu rek dicaritakeun naha luyu jeung pasifatan anu dipimilik ku eta pupuh the. Misalna ayeuna dina nyaritakeun kasedihan tangtuna bae moal mingkin make pupuh sinom anu watekna gumbira.

Aya sababaraha pupuh anu teu digunakeun dina ieu wawacan “pangeran Dipati Ukur I’ diantarana:

1)      Pupuh Balakbak

2)      Pupuh Ladrang

3)      Pupuh Maskumambang

4)      Pupuh Lambang

5)      Pupuh Gambuh

6)      Pupuh Gurisa

One thought on “Sastra

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s